> From: Dedi Turmudi > Sok ayeuna lamun dibandingkeun jeung kaayaan diurang, sisi kamajuan > pulitik alus keneh di urang. Ngan tina sisi akibat > kaputusan politik > masih keneh goreng di urang.
Aya nu kudu dileungitkeun dina sifat bangsa urang teh, SIFAT DELEKA. Tadi isuk2 dina radio Elshinta, kuring ngadenge wawar, cenah ati-ati lamun ngaliwat make kendaraan (pangpangna motor) di jalan-jalan tertentu di jakarta, sabab loba "ranjau" paku ti tukang tambal ban. Keur nu tumpak motor, ieu bahaya pisan, sabab ban motor hareup bisa bitu ngadadak, motor bisa ngajungkel. Lamun tarik bisa tatu parna atawa tepi ka hanteuna. Ieu kalakuan anu ngabahayakeun batur, di Indonesia mah dianggap hal nu biasa-biasa wae. Tong boro ku hukum postitif (dipidanakeun ka pangadilan) sanksi sosial ti masyarakat wae teu aya ..... Jeung loba deui kalakuan nu nunjukkeun sifat deleka ka batur di masyarakat urang gede pisan. Contona dahareun dicampur jeung formalin, Miras nu teu kakontrol kadar alkoholna dijualan, lamun perlu digigireun sakola. Jalan saarah, keur tukang beca mah teu "berlaku", noyod we ngalawan arus lalulintas. Para supir mobil gede (treuk jeung beus), jadi "Para Diktaktor" di jalan raya ...jrrd. Nu nunjukkeun sabenerna boh elite politik atawa masyarakat biasa, boga "kecenderungan" nu sarua, deleka ka batur, asal untung keur sorangan. Tah sigana samemeh urang ngambek ka Amerika atawa ka "kulon", benahan heula mental bangsa urangna. Hiji bangsa moal jadi bangsa gede lamun "budi pekerti"na "acak-kadut" model kieu ..... Baktos, WALUYA

