Raden Patah raina Sunan Gunung Jati putu Prabu Siliwangi (?)
Assalamualaikum para wargi,...nyanggakeun dongeng 'cenah'
Ku seueurna versi ngeunaan carioasan wali sanga. urang sunda kabanjiran
informasi dugi ka seueur nu teu gaduh 'cecekelan' nu mana nu kedah dijadikeun
'acuan' sok komo ka sabagian anu memang teu gaduh akses kana informasi.
cilakana jadi seueur seuweu sunda nu teu terang kedah kumaha teras kacanadak ku
sakaba kaba.
Dina sajarah di Indonesia sacara umum disatujuan yen ayana hubungan nu
kuat-kerja sama- antawis Cirebon sareng Demak (sunan Gunung Jati sareng Raden
Patah). Seueur analisis na, diantawisna nu ngadugikeun yen Sunan Gunung Jati
langkung caket sareng demak dari pada sareng Pajajaran kumargi wali sanga teh
wargi-wargina keneh ti Arab (aya oge ti Cina sapertos ti mang Ucup)
Tapi numutkeun Haji Hasan Mustapa (HHM)mah: Raden Patah teh nya Syarif Nurullah
tea, ari Sunan Gunung Jati nyatana Syarif Hidayatullah. rai raka putu Siliwangi
ti Ibu Lara Santang.
---
kaleresan sim abdi kakintunan buku Haji Hasan Mustapa jeung karya-karyana nu
dikempelkeun ku Ajip Rosidi.
---
Paling henteu informasi ngeunaan Raden Patah sareng Sunan Gunung Jati aya di
dua seratan HHM:
1) Amis Tiis Pentil Majapahit
Perbukana kasumpingan (Sunan Gunung) jati
Brawijaya nya ku raden Patah
kabeh ge asal pangimpen
ditorah ku nujum
arek sumping ka majapahit
atawa pajajaran
....
...
kasumpingan seuweu putuna pribadi
2) Tafsir Qur'anul adzim
....Moal medal lamun kurang Paimanan, duanana:
ku Gunung jati, jenengan Hidayatullah, ayeuna di Pasundan jawa Kulon; jeung ku
rayi jenengan Nurullah (raden Patah), perbukanan dunya sasakala
Majapahit......jst
Info ieu sanajan masih keneh perlu ditaroskeun (konfirmasi) naha Pa Ajip teu
lepat nyatet - sapertos kajantenan dina Ensiklopedi sunda ngeunaan Ciung Wanara
( Kumaha Mang J hasil naroskeun ka Cupu manik teh? -haturan sun)
Ari HHM bujangga sunda pangbadagna nu cenah parantos ngalalana sa pulo jawa
nyarengan 'wargina' Snouk Hurgrounje husus pikeun ngadokumentasikeun 'sajarah'
pulo jawa.ngan tangtos -sigana- dina widang budaya jeung agama saasuai
kahlianana. Teras HHM seueur nyerat nu dikintunkeun ka Walanda ka Snouk nu
dianggap 'dulur kaula'na HHM.
Mang Ucup,... punten mudah2an e-mail ieu janten wacana sehat ki sunda....
Upami memang aya carios ngeunaan sunda dumasar kana referensi di belanda,
kedahna mah seratan HHM - informan lokal dan expert dina bidangna- nu ka
Snouck dijantenkeun pembanding sateuacan nyimpulkeun yen Sunan Gunun jati
saren raden Patah Cina.
Sim kuring rada sapamadegan sareng Kang Ilen (dina hartos aya kacurigaan)
sapertos nu didugikeun ku Kang Ilen. kumargi tahap ka dua saatos hagemoni
ekonomi lamun hayang aman teu keuna ku 'revolusi' sosial nyatana ku nempelkeun
'identitas' nu alus di budaya nu di jadikeun 'realm'na.
kalebet - conto lain- seueur tulisan ngeunaan sunda nu 'dicokot' kana agama
katolik diantarana analisis budaya nu loba teuing maka kacamata tri tangtu.
Padahal konsep pamarentahan na mah leuwih gede kana konsep Sri Bima Punta
Naryana Surawisesa - Raja (Sri) dan 4 department, nu dituluykeun di sumedang
larang Geusan Ulun Sumedang dan 4 kandaga lante (nu ngabawah oge 4 department).
Memeh diteraskeun urang ngantosan heula Mang J.
baktosna,
Eddy Nugraha