ah dia mah majar embung dikaula, tapi kalakuan jiga pangeran. hayang
nonggerak tapi embung nembongan heuheu...

On Tue, Jul 22, 2008 at 2:42 PM, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>
>
> Nonggerak ?
>
>
>
> Kuring
>     nonggerak,hartina kuring aya,katempo,katingali,kaciri sapopoena ku
>     aranjeun. Tapi hanjakal teu dipalire. Wayahna kuring milu icikibung. Da
>     geus wayahna. Geus mangsana. Kuring nyaah ka urang sunda. Nu geus lila
>     tibra. Teu inget kana purwadaksina. Poho kana wiwitanana. Era mawa
> sundana.
>
>
>
> Teu
>     kudu gujrud kuring timana,kuring nyaah ka urang sunda,bangsa nu geus
> ampir
>     leungit cirina,teu hayang kaciri sundana. Sunda ngan saukur tinggal
>     ngarana,jalmana geus robah pindah wujudna,era ngaku jadi urang sunda.
>     Kuring datang,kuring miang aya maksudna. Jang urang sunda sayaktosna.
>
>
>
> Kuring
>     hirup lain keur urang sunda,da bangsa jeung basa urang beda. Ngan ukur
> ku
>     katalian jangji jeung manehna. Nu kungsi bareng ngalalana. Ngan
> hanjakal
>     geus euweuh dikieuna. Kuring ngageuing jalma sunda,nu daek dihudangkeun
>     tina tapana. Kuring rek datang,ka jalma-jalma nu alus kasundaanana.
>
>
>
> Kuring
>     saparakanca bakal datang,mantuan aranjeun,lain titah muja ka kaula.
> Ulah
>     nitah ka kaula,atawa hayang nempo kaula. Tuturkeun we caritana,Carita
>     urang sunda,nu ajeg ngaku urang sunda. Ayeuna geus mangsana.
>
>
>
> Wassalam
>
>
>
> Kuring…Nonggerak
>
>
>


-- 
d-: dudi herlianto :-b
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~

Kirim email ke