Nonggerak ?
Kuring
nonggerak,hartina kuring aya,katempo,katingali,kaciri sapopoena ku
aranjeun. Tapi hanjakal teu dipalire. Wayahna kuring milu icikibung. Da
geus wayahna. Geus mangsana. Kuring nyaah ka urang sunda. Nu geus lila
tibra. Teu inget kana purwadaksina. Poho kana wiwitanana. Era mawa sundana.
Teu
kudu gujrud kuring timana,kuring nyaah ka urang sunda,bangsa nu geus ampir
leungit cirina,teu hayang kaciri sundana. Sunda ngan saukur tinggal
ngarana,jalmana geus robah pindah wujudna,era ngaku jadi urang sunda.
Kuring datang,kuring miang aya maksudna. Jang urang sunda sayaktosna.
Kuring
hirup lain keur urang sunda,da bangsa jeung basa urang beda. Ngan ukur ku
katalian jangji jeung manehna. Nu kungsi bareng ngalalana. Ngan hanjakal
geus euweuh dikieuna. Kuring ngageuing jalma sunda,nu daek dihudangkeun
tina tapana. Kuring rek datang,ka jalma-jalma nu alus kasundaanana.
Kuring
saparakanca bakal datang,mantuan aranjeun,lain titah muja ka kaula. Ulah
nitah ka kaula,atawa hayang nempo kaula. Tuturkeun we caritana,Carita
urang sunda,nu ajeg ngaku urang sunda. Ayeuna geus mangsana.
Wassalam
Kuring…Nonggerak