Punten, bade tumaros.. Ngaleupas sukma na, ngaleupas nyalira atanapi dituntun kang ? Upami dituntun, dituntun kusaha ? Hatur nuhun. Wilstya.
--- Pada Sel, 22/7/08, mangucup88 <[EMAIL PROTECTED]> menulis: Dari: mangucup88 <[EMAIL PROTECTED]> Topik: [Urang Sunda] Palay diajar "Elmu Ngaluarkeun Sukma"? Kepada: [email protected] Tanggal: Selasa, 22 Juli, 2008, 10:15 PM WARNING: artikel ngaluarkeun sukma mung kenging dibaca ku nu karuat iman, margi upami saatos diajar ieu elmu kaganggu jiwana misalna bae kasurupan sareng sarupaning kitu, nu nulis teu tanggel waler. Sanaos kitu, tinangtos ieu elmu henteu papalingpang sareng ageman salira alias sanes elmuna iblis/setan. Salira percanten kana elmu ngaluarkeun sukma (jiwa, atma) atanapi anu dina basa Walandana disebat out-of-body experiences (OBE), ieu tiasa dibuktoskeun? Ieu sanes kumargi nu nulis fans berat majalah Liberti & Misteri, estuning kumargi kanyataanana kitu. Umat Kristen nganggap OBE teh klenik atanapi tahayul, tapi sabalikna seueur oge umat Kristen anu percanten kana mati suri atanapi anu dina basa Sundana disebat near death experience (NDE). Mati suri (NDE) teh saleresna identik 100% sareng OBE, margi nalika mati suri ge jiwa urang kaluar tina raga urang. Dumasar kana jajal pamendak nu dipidamel ku organisasi Gallup Poll taun 1996, singhoreng di USA aya 13 juta urang nu kantos ngalaman mati suri (NDE - Toronto Star 5. Maret 2000). Aranjeunna ngaku yen nalika mati suri, aranjeunna sanes mung tiasa ngupingkeun obrolan manusa di sabudeureunana, tapi malah tiasa ngadadarkeun kumaha prak-prakan oprasi nepi ka di lebah mana wae aranjeunna dikaput. Mati suri tiasa dibuktoskeun sacara ilmiah, janten henteu mung aku-akuan jalma. Dr. Paul Segal ti University of California kantos nguji hamster nu dipaehan lalaunan ku cara diteundeun dina hawa anu tiis pisan, lajeng disimpen dina es salami 4 jam. Pas eta hamster aya dina es, awakna diponcorong make alat nu kacida sensitif. Hasilna nunjukkeun teu aya tanda hirup, boh aktivitas gelombang uteuk atawa jantungna paeh. Geus kitu, ieu hamster bisa dihirupkeun deui ku cara dihaneutkeun, hisup sabihara-bihari. Dicobian sababaraha kali ka hamster nu eta keneh, hasilna sami. Hal ieu sering kajantenan ka jalmi nu tigejebur kana walungan nu geus beku jadi es, sanaos tos kabukti salami sababaraha jam aranjeunna maot, tapi tiasa dihudangkeun deui. Dr. RAymond A. Moody ti Universitas Virginia kantos nalungtik ieu fenomena. Cindekna, jalmi nu mati suri rata-rata ngalaman hal nu ampir sami: lebet ka torowongan anu poek mongkleng nu di tungtungna aya cahya! Kanggo nu hoyong ngaos sareng neuleuman perkawis mati suri, mangga sindang ka www.iands.org/ index.html atanapi aos buku "Life after Life" karangan Dr. Raymond A. Moody Jr. Dr. Duncan Mc. Dougal ti Massachusets kantos nyerat hiji artikel dina American Medicine (April 1907, mangga buka http://www.snopes. com/religion/ soulweight. asp) medarkeun panalungtikanana ngeunaan jalmi-jalmi anu bade pupus. Singhoreng nalika pupus, beurat awakna ngarurangan. Dibandingkeun sareng 15 anjing anu diuji, teu hiji-hiji acan nu ngurangan beuratna. Ti dieu panginten tiasa buktos yen mung manusa anu gaduh jiwa. Di sagigireun eta, ku ayana mati suri, bukti oge yen manusa teh leres-leres gaduh jiwa sarta eta jiwa tiasa kaluar ninggalkeun ragana sababaraha lami. Pangalaman salengkepna perkawis jalmi nu kantos ngalaman mati suri tiasa diaos di http://irdy74. multiply. com/reviews/ item/142 (basa Indonesia). Nalika kaluar ti raga, jiwa urang tiasa ngalayang kamana wae, misalna bae ningal naon anu nuju dipidamel ku bojo di kantor/bumi, atanapi nyumpingan nu nulis di Holland atanapi mulih ka lembur, da jiwa mah teu peryogi tiket pesawat. Atanapi panginten tiasa noong Sawarga jeung Naraka? Kalemahanana mung hiji, yen jiwa nu mulih ka lembur teu tiasa nyandak oleh-oleh atanapi koper. Nya kirang-langkungna mah sapertos dina pilem Ghost - Patrick Swayze & Demi Moore! Tah, nu hoyong neuleuman kumaha carana ngaluarkeun sukma kanggo nyobian OBE, tiasa diajar ka Mang Ucup dina seratan sambunganana. Kanggo nu leres-leres hoyong diajar "Elmu Ngaluarkeun Sukma", pami tiasa mah puasa "Tapa Mati Geni" (pantang nuang nu diasakan ku seuneu sadinten sawengi) heula. Sadaya seratan Mang Ucup kenging disalin atanapi dikintunkeun ka saha wae kalawan gratis! Mang Ucup Email: [EMAIL PROTECTED] com Homepage: www.mangucup. net http://www.friendst er.com/mangucup ___________________________________________________________________________ Nama baru untuk Anda! Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. Cepat sebelum diambil orang lain! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

