Mang Ucup, (nu ieu mah kolot euy, teu wani sagawayah ngomong bisi kawalat he..he..he..)
Si Mang Ucup meni resep sigana teh kana OBE. in case urang bisa ngalakukeun OBE secara manual, naon mangpaatna ? atawa ngan ukur nyacapkeun kapanasaran wungkul? daripada OBE kuring mah milih "Jumper", siga dina pilem "Jumper" tea geuningan. mun bisa kitu, koruptor di Indonesia moal ngari, dipeuncintan ku kuring kabeh. he..he..he.. On Sat, Aug 2, 2008 at 2:31 PM, mangucup88 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ngalangkungan ieu surat, simkuring Mang Ucup seja nandeskeun sarta > ngajangjikeun yen dina jangka waktu sajam nu bakal sumping, salira > bakal tos tiasa diajar sarta ngajalankeun elmu "NGALUARKEUN SUKMA". > Hebring, pan? > > Dijamin 100%. Pami teu tiasa, Mang Ucup kersa dihukum rajam! Dina > jangka waktu sajam, sadaya nu maca - teu aya iwalna - bakal parantos > tiasa diajar sarta ngajalankeun elmu ngaluarkeun sukma tina raga, > dijamin. Ieu sanes mung meureun, tapi tiasa saenggalna dipraktekkeun > turta dibuktikeun ayeuna keneh. Gombal! > > Upami salira henteu percanten, cobian nelasan maneh ku cara nuang > Baygon saember. Moal lami sukma salira bakal ngalayang KALUAR MISAH > tina raga salira. >

