nepangkeun wa oman
abdi pituin urang argapura
he he he........
kagungan foto2na teu?
siling gentosan jeung abdi lah
aya foto wewengkon argapura tapi ieumah sanes di situ sanghiang 
namung di curug apuy, ieuge masih kalebet argapura
 mangga tiasa di toongg didieu: 
http://suwargana.multiply.com/photos/album/43/Curug_Muara_-_Maja_-_Majalengka



----- Pesan Asli ----
Dari: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Cc: kisunda <[EMAIL PROTECTED]>
Terkirim: Senin, 21 Juli, 2008 11:06:34
Topik: Re: [Urang Sunda] [naros] angkot ka majalengka


Dinten Saptu kamari abdi ka hiji desa di wewengkon kacamatan Argapura,
Majalengka. Kac. Argapura teh beubeulahan ti kac. Maja. Lamun ti Maja
pernahna ka palih wetan, ka jihat Talaga, kl 1 km sanggeus liwat pasar
Maja aya pengkolan ka kenca, tah eta pengkolan brasna ka Argapura.

Desa anu disaba teh pernahna di pasir anu lumayan luhur. Di wewengkon
eta, sakumaha di Argapura, memang kawentar ku sayuranana. Ti mimiti
bawang beureum, bawang daun, jagong, kol, jeung sayran sejenna.
Pamandangan di wewengkon Argapura memang kacida endahna, komo ka
beulah tonggohna. Dina mumunggang pasir anu kl 700 m tina beungeut cai
laut ret ka sakuriling bungking, endah kacida.

Memang sabudeureun Maja-Talaga dugi ka Cikijing, malah teras ka Darma,
Linggarjati, cindekna sakuriling Gn. Cereme, dina cangkeng-cangkengna
eta gunung, kaayaan alamna endah kacida. Geura teruskeun ti Argapura
mapay jalan anu arula-arileu, turun gunung unggah gunung, tangtu urang
baris anjog ka Situ Sangiang. Tah ieu situ saksi bigeug ngeunaan
katideresana jalma anu ngumbar nafsu, kabeneran urang sabrang, hiji
talaga anu kacida endahna. Asri, tenang, ayem tengtrem. Ceuk
paribasana, kalakay tatangkalan ge teu wanieun ngotoran eta situ
kahot. Tapi, lamun urang ngalungkeun kurupuk, sapada harita pating
kucibek lauk kancra sagede-gede pingping jelema dewasa. Mangga cobian,
komo lamun pareng ngulampreng ka palih dinya pas peuting keur
moncorong purnama. Asa kabina-bina lamun teu matak jorojoy nyaah ka
lemah cai. Eta jalan lamun diteruskeun brasna ka Talaga.

Kaharti lamun baheula, anu ti India teh nyieun karajaan mimiti
sanggeus Salakanagara nya di wewengkon sabudeureun Gn. Cereme ieu.
Munasabah lamun baheula, anu seja miang ka wetan, ngaradon reureuh di
Maja. Kailhaman ku Maja, basa karajaan anu geus meh anggeus teh menta
ngaran, nya diaranan: Majapahit. Kaharti lamun Sunan Parung teh di
dinya marentahna.

Cag heula.

baktosna,
manAR
On Mon, Jul 21, 2008 at 10:52 AM, Dirgahayu, Rachman
<rachman.dirgahayu@ aig.com> wrote:
> atanami oyong gempor mah, leumpang weee ... hehehehe
> ____________ _________ _________ __
> From: [EMAIL PROTECTED] ups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] ups.com] On
> Behalf Of heni fauzia
> Sent: July 21, 2008 09:10 AM
> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
> Subject: Re: [Urang Sunda] [naros] angkot ka majalengka
>
> Aya anu bade ka majalengka ?
>  aya 2 cara ti bandung teh, ka cicaheum heula teras naek bus bijaksana
> atanapi elp jurusan cikijing bandung. Atanapi megat ti parapatan moh.toha
> pas keluar pintu tol pasirkoja, tiasa naek BUHE atanapi ERWE eta teh elp
> juga tapi anu ti leuwi panjang.Dijamin da majuna terbang alias tereh pisan
> dugina teh.
>  Pami bade ngangkleung na angkot ti cicaheum, ka cileunyi tras ka terminal
> ciakar tras naek angkot anu ka tolengas teras naik anu ka kadipaten teras ka
> majalengka.. ..dijamin leur sareng mabok da turun unggah angkot....mangga lah
> wilujeng angkat. Salam nya ka majalengka. Tos sono lami teu uih ka lemah cai
> Majalengka  yang cantik dan mungil kota kecil tapi selalu si hati........
>
>
> Wasalam...
>
>
> Bunda haula
>
> -
>
> Send instant messages to your online friends http://uk.messenger .yahoo.com
>
> IMPORTANT NOTICE:
> The information in this email (and any attachments) is confidential. If you
> are not the intended recipient, you must not use or disseminate the
> information. If you have received this email in error, please immediately
> notify me by "Reply" command and permanently delete the original and any
> copies or printouts thereof. Although this email and any attachments are
> believed to be free of any virus or other defect that might affect any
> computer system into which it is received and opened, it is the
> responsibility of the recipient to ensure that it is virus free and no
> responsibility is accepted by American International Group, Inc. or its
> subsidiaries or affiliates either jointly or severally, for any loss or
> damage arising in any way from its use.
>
> 
    


      Yahoo! Toolbar kini dilengkapi Anti-Virus dan Anti-Adware gratis.
Download Yahoo! Toolbar sekarang.
http://id.toolbar.yahoo.com

Kirim email ke