Haturan kang Nana,

Punten jejer anu ieu nembe dilongok deui. Namina desa Teja Mulya
lokasi anu ku abdi dilongok di Argapura teh. Foto-fotona ke kedah
dibudalkeun heula tina kamera, kamerana nuju diangge ka Cisurupan
sareng Pangalengan ku Yudi. Hatur nuhun sharing foto-foto Curug Apuy.
Minggu payun manawi pareng ka Argapura deui. Endah pisan eta
patempatan teh: Argapura - Sangiang tiasa dijantenkeun lintasan wisata
lingkungan.

manAR

On Fri, Jul 25, 2008 at 2:49 PM, Nana Suwargana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> nepangkeun wa oman
> abdi pituin urang argapura
> he he he........
> kagungan foto2na teu?
> siling gentosan jeung abdi lah
> aya foto wewengkon argapura tapi ieumah sanes di situ sanghiang
> namung di curug apuy, ieuge masih kalebet argapura
>  mangga tiasa di toongg didieu:
> http://suwargana.multiply.com/photos/album/43/Curug_Muara_-_Maja_-_Majalengka
>
> ----- Pesan Asli ----
> Dari: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
> Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
> Cc: kisunda <[EMAIL PROTECTED]>
> Terkirim: Senin, 21 Juli, 2008 11:06:34
> Topik: Re: [Urang Sunda] [naros] angkot ka majalengka
>
> Dinten Saptu kamari abdi ka hiji desa di wewengkon kacamatan Argapura,
> Majalengka. Kac. Argapura teh beubeulahan ti kac. Maja. Lamun ti Maja
> pernahna ka palih wetan, ka jihat Talaga, kl 1 km sanggeus liwat pasar
> Maja aya pengkolan ka kenca, tah eta pengkolan brasna ka Argapura.
>
> Desa anu disaba teh pernahna di pasir anu lumayan luhur. Di wewengkon
> eta, sakumaha di Argapura, memang kawentar ku sayuranana. Ti mimiti
> bawang beureum, bawang daun, jagong, kol, jeung sayran sejenna.
> Pamandangan di wewengkon Argapura memang kacida endahna, komo ka
> beulah tonggohna. Dina mumunggang pasir anu kl 700 m tina beungeut cai
> laut ret ka sakuriling bungking, endah kacida.
>
> Memang sabudeureun Maja-Talaga dugi ka Cikijing, malah teras ka Darma,
> Linggarjati, cindekna sakuriling Gn. Cereme, dina cangkeng-cangkengna
> eta gunung, kaayaan alamna endah kacida. Geura teruskeun ti Argapura
> mapay jalan anu arula-arileu, turun gunung unggah gunung, tangtu urang
> baris anjog ka Situ Sangiang. Tah ieu situ saksi bigeug ngeunaan
> katideresana jalma anu ngumbar nafsu, kabeneran urang sabrang, hiji
> talaga anu kacida endahna. Asri, tenang, ayem tengtrem. Ceuk
> paribasana, kalakay tatangkalan ge teu wanieun ngotoran eta situ
> kahot. Tapi, lamun urang ngalungkeun kurupuk, sapada harita pating
> kucibek lauk kancra sagede-gede pingping jelema dewasa. Mangga cobian,
> komo lamun pareng ngulampreng ka palih dinya pas peuting keur
> moncorong purnama. Asa kabina-bina lamun teu matak jorojoy nyaah ka
> lemah cai. Eta jalan lamun diteruskeun brasna ka Talaga.
>
> Kaharti lamun baheula, anu ti India teh nyieun karajaan mimiti
> sanggeus Salakanagara nya di wewengkon sabudeureun Gn. Cereme ieu.
> Munasabah lamun baheula, anu seja miang ka wetan, ngaradon reureuh di
> Maja. Kailhaman ku Maja, basa karajaan anu geus meh anggeus teh menta
> ngaran, nya diaranan: Majapahit. Kaharti lamun Sunan Parung teh di
> dinya marentahna.
>
> Cag heula.
>
> baktosna,
> manAR
> On Mon, Jul 21, 2008 at 10:52 AM, Dirgahayu, Rachman
> <rachman.dirgahayu@ aig.com> wrote:
>> atanami oyong gempor mah, leumpang weee ... hehehehe
>> ____________ _________ _________ __
>> From: [EMAIL PROTECTED] ups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] ups.com] On
>> Behalf Of heni fauzia
>> Sent: July 21, 2008 09:10 AM
>> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
>> Subject: Re: [Urang Sunda] [naros] angkot ka majalengka
>>
>> Aya anu bade ka majalengka ?
>> aya 2 cara ti bandung teh, ka cicaheum heula teras naek bus bijaksana
>> atanapi elp jurusan cikijing bandung. Atanapi megat ti parapatan moh.toha
>> pas keluar pintu tol pasirkoja, tiasa naek BUHE atanapi ERWE eta teh elp
>> juga tapi anu ti leuwi panjang.Dijamin da majuna terbang alias tereh pisan
>> dugina teh.
>> Pami bade ngangkleung na angkot ti cicaheum, ka cileunyi tras ka terminal
>> ciakar tras naek angkot anu ka tolengas teras naik anu ka kadipaten teras
>> ka
>> majalengka.. ..dijamin leur sareng mabok da turun unggah angkot....mangga
>> lah
>> wilujeng angkat. Salam nya ka majalengka. Tos sono lami teu uih ka lemah
>> cai
>> Majalengka yang cantik dan mungil kota kecil tapi selalu si hati........
>>
>>
>> Wasalam...
>>
>>
>> Bunda haula
>>
>> -
>>
>> Send instant messages to your online friends http://uk.messenger
>> .yahoo.com
>>
>> IMPORTANT NOTICE:
>> The information in this email (and any attachments) is confidential. If
>> you
>> are not the intended recipient, you must not use or disseminate the
>> information. If you have received this email in error, please immediately
>> notify me by "Reply" command and permanently delete the original and any
>> copies or printouts thereof. Although this email and any attachments are
>> believed to be free of any virus or other defect that might affect any
>> computer system into which it is received and opened, it is the
>> responsibility of the recipient to ensure that it is virus free and no
>> responsibility is accepted by American International Group, Inc. or its
>> subsidiaries or affiliates either jointly or severally, for any loss or
>> damage arising in any way from its use.
>>
>>
>
> ________________________________
> Nama baru untuk Anda!
> Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan
> @rocketmail.
> Cepat sebelum diambil orang lain!
>
> 

Kirim email ke