naha euy, mun artis nyalonkeun pada "underestimate", tapi amun aya anu
nyalonkeun ti profesi lain euweuh anu nyarek. hehehe...
keun weh atuh, ngaranna oge proses demokrasi, kabeh lapisan masyarakat boga
kasaruaan hak. boh hak sosial atawa oge hak politis.

cag ah..

-Bohay-

2008/8/1 dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]>

>   Lurs, Meureun ceuk pikiran para artis calon pamingpin teh, mun jadi
> bupati atawa gupernur teh , kabeh geus aya, tertulis dina skenariona.
> Manehna mah mun geus jadi pimpinan, tinggal ngapalkeun dialog, ngajalankeun
> naon anu ditulis dina skenario ( scrips), nurut ka sutradara. Kabeh bisa
> beres. Tentang kumaha ningkatkeun kasejahteraan rakyat. Ya gampang atuh
> tinggal menta we ka penulis skenario supaya eusi skenario eta rakyat nu
> tadina barengek jadi sejahtera. Teu hese sandang pangan jeung papan. Pan
> upama kawas kitu mah naon hesena jadi bupati. Dalah jadi presiden ge pasti
> "sanggup". Resep euy upamaI di Indonesia kabeh bupati jeung gupernurna para
> artis. Indonesia jadi negara samodel "Hollywood" atawa" Bollywood". Bener
> teu ?. Duka.... atuh
>  
>

Kirim email ke