Lain masalah overestimated atawa underestimated.
Dalah upama aya para calon ti kalangan luar artis oge pikeun kuring pribadi mah
moal rek sagawayah milih. Mun perlu moal milih. Milih oge pan kudu jeung
tanggung jawabna , lain ?.
Nu kudu diperhatikeun teh ti para calon ,(ceuk kuring, meureun), kumaha
kiprahna si calon salila ieu di kahirupan kamasyarakatan. Kumaha track
recordna. Kumaha komitmen jeung integritasna ka nagara jeung bangsa . Naon deui
atuh .... ( sok pikiran)
.
Upama tina nu ditulis diluhur geus katembong ti hiji calon. Kuring mah teu
paduli rek ti partey mana wae, rek ti kalangan artis atawa jalma awam atawa
"jore-jore", pasti dipertimbangkeun rek didukung ku kuring mah.
Lamun samodel calon ti artis ( atawa ti kalangan mana wae) anu ngan
ngandelkeun kapopuleran, komo ngandelkeun beungeut mah... wah naon anu rek
dipiharep ti pamingpin samodel kitu.
Lamun geus kitu kajadiannana... ya mangga wae kantun ngantosan bangkrut we
nagara ieu teh.
Pan cenah, berikan segala sesuatu itu kepada ahlina.
naha euy, mun artis nyalonkeun pada "underestimate", tapi amun aya anu
nyalonkeun ti profesi lain euweuh anu nyarek. hehehe...
keun weh atuh, ngaranna oge proses demokrasi, kabeh lapisan masyarakat boga
kasaruaan hak. boh hak sosial atawa oge hak politis.
cag ah..
-Bohay-
2008/8/1 dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED] com>
Lurs,
Meureun ceuk pikiran para artis calon pamingpin teh, mun jadi bupati atawa
gupernur teh , kabeh geus aya, tertulis dina skenariona.
Manehna mah mun geus jadi pimpinan, tinggal ngapalkeun dialog, ngajalankeun
naon anu ditulis dina skenario ( scrips), nurut ka sutradara. Kabeh bisa beres.
Tentang kumaha ningkatkeun kasejahteraan rakyat.
Ya gampang atuh tinggal menta we ka penulis skenario supaya eusi skenario eta
rakyat nu tadina barengek jadi sejahtera. Teu hese sandang pangan jeung papan.
Pan upama kawas kitu mah naon hesena jadi bupati. Dalah jadi presiden ge
pasti "sanggup".
Resep euy upamaI di Indonesia kabeh bupati jeung gupernurna para artis.
Indonesia jadi negara samodel "Hollywood" atawa" Bollywood".
Bener teu ?. Duka.... atuh