SPG Harti Sabenerna (Consumer Insight) Dina hiji mangsa katukang kuring kungsi ngareungeu ti babaturan kuring ngeunaan arti Sales. Ceuk manehna cenah ujung tombakna pausahaan/company teh nyaeta sales. Ieu ucapan teh di kuatan deui basa ngadenge dina hiji seminar nu diayakeun ku Marc.Inc nu didengdengkotan ku Hermawan K , nyaeta sasalahsahiji indungna marketing di Indonesia. Ceuk manehna gaji urang gawe teh hasil ti pagawean sales atawa tukang jualan tea. Tah mun diteuleuk-teuleuk mah memang bener, coba weh bayangkeun mun tukang jualan/ sales teu laku daganganna nya antukna mawa paubahan ka pausahaan boh tinu gaji atawa tunjangan katut incentif bisa oge ujug-ujug pausahaan tempat urang gawe teh out of business atawa bankrut tea. Istilah sales teh geuningan loba hartina, aya oge nu ngartikeun tukang jualan/ sales ieu kawas door to door, aya oge nu direct sales / tukang jualan langsung samodel mun di pausahaan FMCG/Fast Moving Consumer Goods diaranan KAM. Saeutik urang benjer beaskeun KAM. KAM teh nu panjangna nyaeta Key Account Management, ieu tukang jualan nu ilaharna ka toko-toko gede kawas Matahari, Hero/Giant, Carrefour, Indomaret, Lion Superindo, Alfamart, Yogya. Tah tiap KAM teh nyepeng Key Account eta. Aya oge sales daerah nu mana gawena samodel KAM ieu, di babaraha pausahaan aya oge nu nyebut district sales atawa sales area, jeung business development. Tah bedana ari KAM mah ka toko-toko nu gede ari sales area mah ka toko-toko kawas provision/toko, wholesaler/grosir, pbf/perusahaan besar farmasi. Jeung na deui ari si sales area ieu sok ngantorna di gudangna distributor, kawas nu kahot di jawabarat nyaeta Supralita Mandiri, nu kahot di DKI kawas Dos Ni Roha, jrrd. Tah ari nu ngawas sales area di jawabarat, jawatimur,jawatengah, jeung tempat-tempat nu lianna disebut na Regional Sales Area. Nu mana manehna ilaharna jadi supervisor si sales area eta, ari bossna KAM aya nu disebutna Nasional KAM. Fungsi NKAM ieu sarua samodel Regional Sales Area. Ari si NKAM jeung Regional Sales Area ieu manehna report langsung ka sales director pausahaan eta. Tah dumasar ka tulisan uing nu sok nyanyahoan jigana sugan jeung sugan aya penceharan rehna sales teh ujung tombak na pausahaan teh bisa bener. Tapi mun salah ulah nyalahkeun uing da maklum nyanyahoan mun bisa mah pangnuduhkeun nu bener ulah ngajakan geulut sok komo nyalahkeun teh bari teu benerkeun. Aya oge salesnu mana ruang lingkupna leuwih sempit nyaeta Sales Promotion Girls. Wah si uing rada saliwang jigana hehehe. Ari ngareungeu istilah SPG teh loba jalma nu ngaidentikeun nehatif. Sok komo loba beredar di dunia maya film-film atawa 3GP SPG jeung lalaki lain muhrimna. Aya oge nu ngaidentikeun SPG teh pakeanna rada teu eucreug kawas SPG roko, atawa SPG elektronik atawa SPG mobil. Tah didieu uing embung ngaraba-raba kawas kitu nu euweuh diaya-aya keun nu aya dieuweuh-eueweuhkeun jadina weh sifat edukasi na eweuh jeung euceuk jeung cenah bari teu nyaho arti sabenerna atawa ceuk Kang Asep (kasundaan.org) mah urang kudu think out of the box, atawa ceuk basana Pa Inotji mah hirup teh kudu masagi. Sok atuh kang kumaha harti SPG sabenerna teh rada panasaran uing teh, ke heula keudeung kagok keur ngudud sokam heula yeuh hhehehe. Kieu kang SPG harti sabenerna mah. Di hiji pausahaan nu mana keur ngajaga produkna di toko-toko gede kawas diluhur aya nu disebutna PC, MD, SPG, atawa SPG event tea. Tah aya oge MD nu ditempatkeun di distributor manehna keur ngajaga produk di toko-toko sales area. Tah samemeh manehna asup gawe ka hiji pausahaan loba pisan tingkatan ujianna. Ieu tes teh biasana sok diwawarkeun di koran ngeunaan lowongan pagawean.. Kawas Project Cordinator atawa Team Leader ilaharna syaratna lalaki atawa awewe. Masih jomblo atawa single jeung umurna teu leuwih ti 24 tahuanan. Boga SIM C jeung husus keur PC minimal D3. Ari keur Merchadising/MD jeung SPG ilaharna minimal SMU sadarajat umurna diwatesan oge. Jeung kudu boga SIM C jeung kandaraan. Tah tahap testna bisa aya kanu 4 poe kumaha tiap-tiap pausahaan. Ilaharna mimiti sok test tertulis bisa psikologi atawa test-test samodel biasa. Tah dinu sapoe eta sok dipadetkeun oge langsung weh dibere pangarahan ngeunaan profile pausahaan nu dilamarna laju aya test wawancara jeung hasilna. Laju test deui dituluykeun ka poe-poe nu lian samodel mun urang untung langsung ditarima. Tah pas ditarima teh aya ospek heula atawa orientasi naon sih fungsi MD/SPG , TL atawa PC teh. Ari PC teh bosna team leader/TL. Nu mana manehna salaku planner, analisator jeung implementtator hiji project boh dina operasionalna atawa administrasina. Ah Kang rieut teu ngarti euy. Kieu Atuh , nu sakanyaho ku uing mah ari SPG teh ilaharna manehna digawe na teh lain ka principal ( tempat gawe samodel di Johnson and Johnson, Procter and Gamber, Unilever, jeung pausahaan samodel kitu), nang manehna gawe di agency na mun tea mah outsource kawas agency-agency nu ku uing apal mah ASTA, BTB, GELATIK jrrd keur mantuan ka principal eta. Ari fungsina SPG teh hampir sarua jeung MD tea, nang nu ngabedakeun na ari SPG mah pagawean kawas detailing atawa promosi ka calon konsumen ku someah jeung sopan ku cara komunikasi nu alus. Salian ti eta oge SPG gawena kawas nyieun laporan panjualan. Aya oge tugas MD jeung SPG nu sarua nyaeta nyieun laporan stok, ngecek facing atawa tiers, ngalist harga. Tah saluhurun SPG atawa MD aya nu disebut na TL atawa Team Leader tea, nu mana ieu TL na ngawas SPG/MD jeung ngarekap sagala nu dilakukeun ku SPG atawa MD tea. Nu ngaran na Team Leader pasti kawas komandan weh ngaintruksikeun ka bawahan na naon kudu dipigawe tiap poe, salian ti eta oge mere motivasi. Tah saluhurun TL aya nu diebut Project Coordinator tea, tah didiieu manehna na oge nga monitor kabeh SPG/MD jeung TL na, salian ti eta oge nyieun hubungan nu alus jeung pihak toko. Ach si Akang mah bisaan euy, jadi uing rada nyaho ningan ayeuna mah arti sabenerna SPG teh lain di sisi nehatif na wae, pantesan nya sok komo SPG kecantikan mah barareda kudu diwedak someah da ieu ge salahsahiji startegi CSR (Customer Satification Relationship ), atawa nilai service level atawa ceuk basa asing na mah nilai kapuasaan tea. Tah silaing ningan apal jang matakna tugas SPG teh beurat pisan sok komo kudu ngajanteung diprodukna atawa cicing di gondola (tingali tulisan kuring ngeunaan bag-bagan Planogram). Nya suku cangekul sok komo kudu datang isuk balik peuting bari mun isuk-isukna telat dahar jigana salatri matakna mun salatri kudu mawa mylanta (iklan heula heheheh) Ach geus heula kang nuhun pisan cacahanna , geuningan elmu pangaweruh jeung jampe pamake teh lain meunang ti buku wae tinu cacahan kawas kieu bisa aya mangfaatna sok sanajan sasieureun sabeunjeureun mah. Hehehe saru kang yu ah urang sare geus peuting yeuh jam 12 isukan kudu lulumpatan ka sempur euy biasa kudu ngajaga kondisi jeung wisata kuliner tea sok komo di sempur mah tiap poe ahad teh loba kadaangan, aeh naha si akang mah niat na deuk lulumapatan atawa wisata kuliner, ach silaing mah kudu apal atuh didieu ka sempur teh aya tilu kilo jadi lulumpatan heula didieu pas nepi kan reureuh laju weh urang wiskul. Nya sok atuh kang isukan di tanggoan di tempat biasa, siip lah mangga kang , mangga mangga di subang mah keur usum mangga jang, hehehehe Moal kacipta ku pujangga Moal kagambar ku tukang ngaran Moal katepi ku tukang mikit Moal kacatur ku juru pantun Yayan Mulyana http://balebat-online.com __________________________________________________________ Not happy with your email address?. Get the one you really want - millions of new email addresses available now at Yahoo! http://uk.docs.yahoo.com/ymail/new.html

