686. Ti Ibnu Umar RA, anjeuna nyarita, yen Rosululloh ngaliwatan saurang anshor nu keur mere nasehat ka dulurna lantaran sifatna nu eraan, lajeng Rosululloh ngadawuh," Antepkeun manehna eraan. Saestuna era eta sabagean tina Iman" (HR Bukhari & Muslim) 687. Ti Imran ibn Hushain, anjeuna nyarita,"Rasululloh ngadawuh, Rasa era salawasna ngadatangkeun kahadean," (HR Bukhari & Muslim) 688. TI Abu Hurairah, anjeuna nyarita,"Rosululloh ngadawuh, : Cabang Iman aya 60 leuwih, nu paling utama nyaeta ngucap Laa Ilaha Ill Alloh, jeung nu paling leutik nyaeta nyingkahkeun naon-naon nu ngaganggu di jalan. Jeung era kaasup kana bagean Iman (HR Bukhari & MUslim) 689. TI Abu Sa'id Al Khudri, anjeuna nyarita, Rosululloh ngabogaan sifat era, ngaleuwihan erana mojang anu di pingit. Nalika Anjeuna nempo naon-naon anu teu dipikasuka, tanwande kami bakal nyaho ngaliwatan roman rarayna (HR BUkhari & Muslim)

