Komunitas Urang Sunda di Internet (KUSNet). 
Forum ieu ngahaja diwangun pikeun tempat 'komunikasi' masyarakat Sunda
nu aya di sakuliah dunya. Ngaliwatan forum ieu sadaya anggotana tiasa
ngedalkeun sagala katugenah, tukeur pikiran, ngadongeng, ngabodor :-),
... pokona mah bebas bade naon bae asal tetep ngajaga sopan santun
'komunikasi' di internet (netiket). Hayu urang gunakeun forum ieu
pikeun ngamumule basa jeung budaya urang ... Sunda!

tah da kitu geuning dina deskripsi mah....kedah kumaha atuh kang, rumaos teu 
acan janten garong hehehe

 
salam,
helmi matari suryanegara
 



----- Original Message ----
From: ndoell <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, August 11, 2008 3:55:12 PM
Subject: [Urang Sunda] Ngeunaan posting


Geus lila teu ka lembur teh, jorojoy we hayang noongan.
Rada lemot yahoo teh. Bari nungguan,
tamba kesel, nyabutan bulu irung nu ngarumbai..
meunang aya kana sapuluh lambar mah..

Pas muka teh, aya 15 surelek keur naragog ngadagoan di eprup
ku kuncen. Di-ilikan hiji-hiji...
nu aya pakuat pakait jeung milis mah ngan aya dua. Sesa-na mah
baraya nu ngirimkeun rupa-rupa. Aya dongeng ti milis sejen,
aya nu nangkodkeun file pps, aya nu dagang taneuh...
ah rupa-rupa... 
Nu kararitu wayahna we ku uing langsung di tarajongan.

Cik atuh euy...
asana geus mindeng dibejaan ku rengrengan kuncen teh.
ti mimiti abus kana ieu milis, apanan geus dibejaan tata cara 
ngirim surelek teh.

Jaba ti salapan urang kuncen teh, sabagian gede mah geus 
langka iinternetan. kakapeungan. Jadi atuh wayahna...
sing ngalarti. Karunya kuncen nu aktip ngan sabaraha urang, 
kudu mariksaan deui surelek nu abus, ngeditan deui. 
Jaba kuncen ge bari digarawe apanan. Kituw..

Punten...
lain uing mapatahan nodong ka garong, ieu mah..
ieu mah ngan ngelingkeun.
heueuh ?

-dul-
kuncen ka #8 asana mah..

    


      

Kirim email ke