Leres Kang Helmi...
bebas wae, asal ngajaga Netiket.
Netiket ieu nyaeta aturan nu teu katulis, hartina
oge luas. Nya eta mah gumantung kana kasadaran 
sewang-sewangan bae. Da nu sok iinternetan teh
lolobana mah jalma-jalma nu ngarti apanan.

salian ti eta, peryogi ka uninga jeung ngelingkeun deui
bisi poho. Aya aturan nu katulis, anu sok otomatis dikirimkeun
ka anggota anyar nu di eprup abus ka ieu milis :

Aturan Milis  Komunitas Urang Sunda di Internet [KUSNet]

1.Para wargi nu nembe gabung, disuhunkeun kajembaranana, kersa  
  nepangkeun heula, make cara Urang Sunda. Saha, kawit timana, 
  ayeuna di mana, damel naon, jeung sajabana. Perluna ieu, 
  sangkan pancakaki, sugan bae panggih jeung dulur, sobat, jeung  
  saterusna. nepangkeun kedah jentre. supados teu disasaha. 
2.E-mail ka milis Komunitas Urangsunda di internet [KUSnet] kedah 
  ngangge basa Sunda. hukumna WAJIB. Sabisa-bisa. Nyerat naon bae asal 
  ku basa SUnda. Teu kudu make undak-usuk basa, cukup ku basa merenah 
  jeung loma.
3.Kaci basa nasional atanapi Inggris [forward berita, jrrd] upami 
  patali sareng Sunda sareng kasundaan. Oge kaci [sakali-kali tapi] 
  ngintun heureuy/jokes, seratan hikmah atawa pieunteungeun] ku basa  
  nasional atawa Inggris.
4.Ieu milis perkawis Sunda jeung Kasundaan. Jang mikareueus, malire, 
  jeung ngamumule Sunda jeung kasundaan, lain jang nanaon.
5.Teu kaci nulis nu jorok/porno/jorang. 
6.Teu kaci ngagogoreng seler/etnik/ras/bangsa sejen [bangsa Sunda 
  mah komo]. Dina ayana tulisan ngeunaan eta, jang 
  diajar / pieunteungeun.
7.Teu kaci ngogogoreng agama jeung kapercayaan batur. komo agama nu 
  diagem mayoritas Urang Sunda [Islam]. 
8.Hak Penerbitan posting ka milis KUSnet diaku ku Yayasan Perceka, 
  wadah di darat KUSnet. 


-dul-
Kuncen ka #8



--- In [email protected], helmi matari
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Komunitas Urang Sunda di Internet (KUSNet). 
> Forum ieu ngahaja diwangun pikeun tempat 'komunikasi' masyarakat Sunda
> nu aya di sakuliah dunya. Ngaliwatan forum ieu sadaya anggotana tiasa
> ngedalkeun sagala katugenah, tukeur pikiran, ngadongeng, ngabodor :-),
> ... pokona mah bebas bade naon bae asal tetep ngajaga sopan santun
> 'komunikasi' di internet (netiket). Hayu urang gunakeun forum ieu
> pikeun ngamumule basa jeung budaya urang ... Sunda!
> 
> tah da kitu geuning dina deskripsi mah....kedah kumaha atuh kang,
rumaos teu acan janten garong hehehe
> 
>  
> salam,
> helmi matari suryanegara
>  
> 
> 
> 
> ----- Original Message ----
> From: ndoell <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Monday, August 11, 2008 3:55:12 PM
> Subject: [Urang Sunda] Ngeunaan posting
> 
> 
> Geus lila teu ka lembur teh, jorojoy we hayang noongan.
> Rada lemot yahoo teh. Bari nungguan,
> tamba kesel, nyabutan bulu irung nu ngarumbai..
> meunang aya kana sapuluh lambar mah..
> 
> Pas muka teh, aya 15 surelek keur naragog ngadagoan di eprup
> ku kuncen. Di-ilikan hiji-hiji...
> nu aya pakuat pakait jeung milis mah ngan aya dua. Sesa-na mah
> baraya nu ngirimkeun rupa-rupa. Aya dongeng ti milis sejen,
> aya nu nangkodkeun file pps, aya nu dagang taneuh...
> ah rupa-rupa... 
> Nu kararitu wayahna we ku uing langsung di tarajongan.
> 
> Cik atuh euy...
> asana geus mindeng dibejaan ku rengrengan kuncen teh.
> ti mimiti abus kana ieu milis, apanan geus dibejaan tata cara 
> ngirim surelek teh.
> 
> Jaba ti salapan urang kuncen teh, sabagian gede mah geus 
> langka iinternetan. kakapeungan. Jadi atuh wayahna...
> sing ngalarti. Karunya kuncen nu aktip ngan sabaraha urang, 
> kudu mariksaan deui surelek nu abus, ngeditan deui. 
> Jaba kuncen ge bari digarawe apanan. Kituw..
> 
> Punten...
> lain uing mapatahan nodong ka garong, ieu mah..
> ieu mah ngan ngelingkeun.
> heueuh ?
> 
> -dul-
> kuncen ka #8 asana mah..
>


Kirim email ke