Kanggo rengrengan di milis urang sunda, abdi nyuhunkeun panerangan sareng urung rempug, kana hiji masalah di handap ieu :
Abdi gaduh rerencangan, anjeuna mah urang sulawesi, tukang usaha + politikus di salah sahiji partai. Anjeuna ngajabat di pangurus pusat. Abdi sok diajak kumpul-kumpul di partai, di forum politik, kadang sok diajak ka departemen. Abdimah, niat na kanggo nambih rencang (networking) sareng milarian peluang bisnis/usaha. Rerencangan abdi di partai teh, seuuer urang sebrang, sulawesi, jawa timur, jeung sajabana, pokokna urang sunda mah sakedik pisan. Margi rerenacangan abdi di partai teh nagjabat wakil sekjen, janten gaduh hak atanapi jatah kanggo urutan 1 caleg DPR RI, Dailna tiasa milih nyalira. Nah, rerencangan abdi teh milih daerah pilihan di wilaha Jabar, padahal anjeuna mah urang sulawesi. Anjeuna teh masi soson soson ngupayakeun supados dikenal di wilayah Dapil na, abdi oge ngiring ngabantosan sok ngiring nyuksruk ka kampung-kampung. Kaeitna, abdi teu gaduh emutan nu sanes, tapi lami-lai ka emutan, atuh wilayah sunda teh, diwakilan lain ku urang sunda pami kitu mah. Tah abdi teh ngemut teras masalah eta teh, teras ngobrol sareng rerencangan urang sunda, kumaha kanggo nyikapan masalah eta. Kabayang ku abdi, pantesan urang sunda teh jarang di DPR RI, komo deui di kabinet, margi wilayahnya sabagaian ageung tos diambil alih ku urang seberang. Cobi we emutan, sarang urang tengetan, partai-partai ageung, ke dina pamilu 2009 nami2 caleg na sabahara persen nu ngawakilan tataran sunda (Jabar) nu asli ti urang sunda. Pami kondisina sapertos kieu, emutan abdiman ieu teh masalah serius, lantaran urang sunda jalana ka tutup kanggo maju janten pamimpin atanapi tokoh di tingkat nasional. Cing abdi pasihan panerangan sareng urung rempug ti rerencangan di komunitas ieu, kumaha jalan kauarna tina masalah ieu. Jadi pantes wae atuh, urang sunda teh kurang pisan anu janten pamimpin atau ngajabat di tingkat nasional. Hatur nuhun. Kang Jaja

