da kumaha tuh kang... partey teh pan ngalamar jamli nu sanes urang sunda
pikeun ngawakilan sunda..
abdi oge moa nolak mun dilamar kupartey mah.. sok sanajan tiabdi loba
tanjakan
salah sahijina partey kudu konsisten ulah isuk a sore2 ge b


On Sun, Aug 17, 2008 at 3:53 PM, jaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   sami kang abdi ge, pame emut ka dinya mah hoream pisan asup ka dunia
> politik teh.
> Tapi cik urang emutan masalah dihandap ieu :
>
> 1. Kira2 rela teu pami di DPR  warga sumedang/garut/tasik/subang, atawa
> warga lainna di tatar sunda diwakilan ku urang sulawesi/sumatera, lain ku
> urang kalahiran sunda? Abdi mah teu rela (teu rela pisan.. lebar). Maraneh
> namah can tangtu bakal ngabela rahayat sunda. Maranehna ngan ukur nginjeum
> daerah pamilihan (dapil).
>
> 2. Sababaraha dinten kapengker,abdi keliling ka sabgian partai nu aya
> kenalan di pangurus pusat. Abdi kaget pisan, pangurus pusat na teh tos
> loloba namah dikuasaan ku urang sebrang kabeh. Urang sulawesi, sumatera,
> jeung sajabana. Maraneh na teh ngadatangkeun dulur-dulurna ti sebrang
> didaftarkeun keur nyaleg DPR RI.
>
> Abdi lajeng ngemutan, kunaon urang sunda sakedik pisan nu aya di DPR RI,
> Kabinet, atawa pajabat publik nasional lainna. Aya sababaraha poin :
>
> Masalah :
> 1. Kunaon, nu manggung di tingkat pusat jeung nasional (DPR/Kabinet)
> lolobana dikuasai ku urang sebrang, padahal Jakarta teh masih diwilayah
> pulau Jawa Barat. Malah, beuki dieu beuki loba urang sebrang jadi pajabat
> Gub/Bupati salain diuk di DPR RI ngawakilan tatar sunda.?
>
> 2. saha wae nu hayang jadi menteri di kabinet, atawa presiden/wakil
> presiden, kudu meunang dukungan di DPR, jeung meunang lobi-lobi anggota DPR.
> Tah, kabayang pisan, pami di DPR teh lolobana dikuasaan ku urang seberang,
> tangtos manehna bakal ngusulkan calon menteri ti daerah asalna. Sabalikna,
> kulantaran urang sunda sakedik pisan di DPR, tangtos pisan teu gaduh
> kakuatan kanggo ngusulkeun uarng sunda keur jadi menteri, atawa pajabat
> lainna.
>
> 3. Jumlah warga Jawa Barat jeung Jatim teu beda jauh, sakitar 30 jutaan,
> beda-beda saeutik. Tapi maraneh namah, loba nu aktif di partai/perpolitikan
> di pangusrus pusat. Hasilna, urang jawa sabeleh timur loab nu diuk di DPR,
> tangtos loba nu jadi pajabat tingkat nasional (menteri/kepala badan, dll).
> Jadi , jumlah warga jawa barat teh teu ngahasilkeun urang sunda jaradi wakil
> di DPR,lantaran nu nyalon DPR teh geus dikuasai ku urang sebrang.
>
> Jadi jelas pisan, panyabab urang sunda euweuh/saeutik nu jadi anggota
> DPR/menteri. padahal jumlah suara mun di pemilu milih anggota DPR atawa
> calon presiden pasti bisa mangaruhan. Sabenerna , jumlah pemilih jawa barat
> teh potensi pisan kanggo ngusung urang sunda manggung di tingkat nasional.
>
> Abdi ge, kaget, aya komentar ti rerencangan nu ayeuna ngarurus partai
> (urang medan/palembang/sulawesi), nanyakeun ka abdi, kunaon urang sunda mah
> aralimeun asuk ka dunia politik (ngurus partai, nyalon caleg DPR) jeung
> sajabana?
>
> Kadang gereget, kudunamah urang sunda teh boga partai politik. Sok urang
> ngahiji, hijikeun kakuatan urang nyieun partai nasional, tapi nu ngurus na
> di pusat ku urang sunda.
>
> Pami emutan abdimah, urang sunda teh kudu robah pamadegan, jeung kuda gede
> kawani, jeung tong sieun asup kadunia politik, lantaran kasempetan kanggo
> kontribusi ngurus nagara teh ngan bisa ngaliwatan partai politik, atawa
> sakurangna kedah caket jeung nu boga partai.
> Abdi ge sadar, seuuer nu nyarios yen poltik teh kotor. saleresnamah ari
> politik mah da siasat kanggo nguasasi urusan nagara. Kotor jeung bersih
> namah tergantung ka jalma nu ngalakonanaa. pami urang sunda teu asukka dunia
> eta, tos pasti bakal direbut ku jalma lain. Padahal jalma lain mah, urang
> teu ngarti jalmana bener atawa boga tujuan2 nu lain.
>
>
> Terus terang, abdi nyalira hampir 3 tahun gaul jeung urang politik, pami
> teu gabung di pangurus pusat mah mani hese pisan hayang asup jadi caleg
> nomor urut 1 teh, kudu boga duit gede, etage can tangtu, lantaran nyleg
> nomor leutik mah geus dialokasikeun keur pangurus pusat partai
> (sekjen/wakil sekjen, ketua).
>
> Kulantaran kitu, pami abdi teu tiasa asup jadi caleg tahun 2009, abdi mah
> aya paniatan urang sunda kedah boda partai politik.
>
> tah, kitu sementwis pamikiran abdi tetang permasalah dunia politik jeung
> urang sunda. Nu danget ieu teh nuju kakirangan pamimpin urang sunda di
> tingkat nasional.
> Mudah-mudahan aya manfaatna kanggo naghudangkeun sumanget urang sadayana.
>
> Nuhun,
>
> kang Jaja
> (mohon doa + dukungan nuju proses nyaleg DPR RI dapil Jabar-9
> subang-smd-majalengka, mudah2an kendaraan partaina ngadukung )
>
>
>
>
>
> --- On *Sat, 8/16/08, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
> From: Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [Urang Sunda] Urang sunda di DPR RI
> To: [email protected]
> Date: Saturday, August 16, 2008, 6:48 AM
>
>  Ihhh..ieu mah teu mais teu meuleum..sok disabit-sabit kana capress..
> rumaos didieu mah teu gaduh sarat teu gaduh sorot...
> saur dina ugeran kango mingpin mah apan kedah gaduh
> paling henteu lima mustika..... ...
>
> Pihatur
> ssw
> http://cikundul3. multiply. com <http://cikundul3.multiply.com/>
> *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
> *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*
>
>
> --- On *Fri, 15/8/08, Urang Sunda Hudang Euyyy <[EMAIL PROTECTED] com>*wrote:
>
> From: Urang Sunda Hudang Euyyy <[EMAIL PROTECTED] com>
> Subject: Re: [Urang Sunda] Urang sunda di DPR RI
> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
>
> Date: Friday, 15 August, 2008, 3:00 PM
>
>   sanes teu hoyong kang abdi mah rada alergi ku partai kang...
> komo dibarengan kuteu boga modal mah moal di lieuk2 acan ku partai na oge..
>
> abdi mun aya urang kusnet dijajaran calon DPR RI insya allah rek dipilih
> mola golput teuing pan...
>
> komo mun capres jeung cawapresna urang kusnet mah..
>
> mangga atuh kang ganjar apih siddik, teh ika geura marajeung..
>
>
>
> On Wed, Aug 13, 2008 at 2:51 PM, jaja <[EMAIL PROTECTED] com<[EMAIL 
> PROTECTED]>
> > wrote:
>
>>     hatur nuhun ku rojongan nana. namun abdi ge ayeuna teh nuju aya
>> partai anyar nu nawisan kanggo nyaleg di dpr ri ngawakilan wilayah sunda
>> jabar-9 (subang, sumedang, majalengka).
>>
>> Abdi masih ngemutan sareng merhetangkeun kasiapanana. Abdi ge mani
>> hareudang, pas ngadango parti-partai caleg na aya artis lain urang sunda anu
>> can puguh bakal mawa jeung ngawangun tataran sunda.
>>
>> Abdi oeg tos nanawiskeun ka rerencangan di karawang, tasik, kanggo
>> ngalebetan caleg dpr ri, ayeu na seeur partai nu meryogikeun caleg.
>>
>> Dina kasempetan iue oge, abdi bade ngajak ka anggoat komunitas +
>> kulawargina, sok atuh masing-masing pami tiasa mah urang maju, ngawakilan
>> tataran sunda kanggo di dpr.
>>
>> Bilih aya nu kersa, kudu enggal daftar ka masing-masing partai, margi data
>> kedah lebet ka KPU paling lambat ping 19 agustus.
>>
>> hatur nuhun
>>
>> Kang Jaja
>>
>>
>>
>> --- On *Tue, 8/12/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com<[EMAIL 
>> PROTECTED]>
>> >* wrote:
>>
>> From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com <[EMAIL PROTECTED]>>
>> Subject: Re: [Urang Sunda] Urang sunda di DPR RI
>> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com <[email protected]>
>> Date: Tuesday, August 12, 2008, 11:50 PM
>>
>>  Muhun atuh, mangga, Kang Jaja wae anu nyalongkeun janten caleg, ku
>> abdi dirojong pisan. Insya Alloh dulur-dulur di milist oge ngarojong
>> geura, asal paniatanana sae kanggo ngabela rajayat. Eta wae jalan
>> kaluar tin abdi mah saheulaanan, pami aya pamendak nu sanes nu
>> langkung hebring mangga abdi ngiring ngarojong.
>>
>> manAR
>>
>>
>> On Wed, Aug 13, 2008 at 10:19 AM, jtriharja <[EMAIL PROTECTED] 
>> com<jtriharja%40yahoo.com>>
>> wrote:
>> >
>> > Kanggo rengrengan di milis urang sunda, abdi nyuhunkeun panerangan
>> > sareng urung rempug, kana hiji masalah di handap ieu :
>> >
>> > Abdi gaduh rerencangan, anjeuna mah urang sulawesi, tukang usaha +
>> > politikus di salah sahiji partai. Anjeuna ngajabat di pangurus pusat.
>> > Abdi sok diajak kumpul-kumpul di partai, di forum politik, kadang sok
>> > diajak ka departemen.
>> > Abdimah, niat na kanggo nambih rencang (networking) sareng milarian
>> > peluang bisnis/usaha.
>> >
>> > Rerencangan abdi di partai teh, seuuer urang sebrang, sulawesi, jawa
>> > timur, jeung sajabana, pokokna urang sunda mah sakedik pisan.
>> >
>> > Margi rerenacangan abdi di partai teh nagjabat wakil sekjen, janten
>> > gaduh hak atanapi jatah kanggo urutan 1 caleg DPR RI, Dailna tiasa
>> > milih nyalira.
>> >
>> > Nah, rerencangan abdi teh milih daerah pilihan di wilaha Jabar,
>> > padahal anjeuna mah urang sulawesi. Anjeuna teh masi soson soson
>> > ngupayakeun supados dikenal di wilayah Dapil na, abdi oge ngiring
>> > ngabantosan sok ngiring nyuksruk ka kampung-kampung.
>> >
>> > Kaeitna, abdi teu gaduh emutan nu sanes, tapi lami-lai ka emutan, atuh
>> > wilayah sunda teh, diwakilan lain ku urang sunda pami kitu mah. Tah
>> > abdi teh ngemut teras masalah eta teh, teras ngobrol sareng
>> > rerencangan urang sunda, kumaha kanggo nyikapan masalah eta.
>> > Kabayang ku abdi, pantesan urang sunda teh jarang di DPR RI, komo deui
>> > di kabinet, margi wilayahnya sabagaian ageung tos diambil alih ku
>> > urang seberang. Cobi we emutan, sarang urang tengetan, partai-partai
>> > ageung, ke dina pamilu 2009 nami2 caleg na sabahara persen nu
>> > ngawakilan tataran sunda (Jabar) nu asli ti urang sunda.
>> >
>> > Pami kondisina sapertos kieu, emutan abdiman ieu teh masalah serius,
>> > lantaran urang sunda jalana ka tutup kanggo maju janten pamimpin
>> > atanapi tokoh di tingkat nasional.
>> >
>> > Cing abdi pasihan panerangan sareng urung rempug ti rerencangan di
>> > komunitas ieu, kumaha jalan kauarna tina masalah ieu. Jadi pantes wae
>> > atuh, urang sunda teh kurang pisan anu janten pamimpin atau ngajabat
>> > di tingkat nasional.
>> >
>> > Hatur nuhun.
>> >
>> > Kang Jaja
>> >
>> >
>>
>>
>>
>
>
> --
> ------------ --------- --------- --------- --------- --------- --
> AGUS PAKUSARAKAN
> 08128377662
> www.smarthubtech. co.id <http://www.smarthubtech.co.id/> ------------
> --------- --------- --------- --------- --------- --
> www.independen. wordpress. com <http://www.independen.wordpress.com/>
> www.inkas.wordpress .com <http://www.inkas.wordpress.com/>
> www.garut0262. wordpress. com <http://www.garut0262.wordpress.com/>
> www.azzoman. indonetwork. net <http://www.azzoman.indonetwork.net/>
>
>
>  
>



-- 
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
08128377662
www.smarthubtech.co.id-----------------------------------------------------------
www.independen.wordpress.com
www.inkas.wordpress.com
www.garut0262.wordpress.com
www.azzoman.indonetwork.net

Kirim email ke