Sanes Om nenge...tapi Ambu..........
On 8/19/08, ika sukma <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Wilujeng tepang deui Om Nonggerak...! > > Kumaha damang...? > > Hatur nuhun kana rangkaian...kata-kata...anu ngandung serebu makna... > > neuleuman kana manah..urang sunda...sareng kasundaanana... > > puguh...identitas..diri teh...asa sumalimpang...sumalimping...he..he.. > > mugi bae urang sunda...barangkit...binangkit sareng > membangkit...keun...naon naon anu nu kedah dibangkitkeun...dina tataran; > malayu tinggi, malayu menengah sareng malayu...rendah... > > mangga...diarantos...karya-karyi...ti palawarga-palawargi...anu kawit ti > palih kaler-kulon wetan, sareng..kidul...geura..kempel...ngempelkeun...nu > kedah dikempelkeun...dina patula-patali... > > sabihara-sabihari...nincak dina kayaan kiwari....anu tos sakitu > kabuktosan...ku saderek..saparakanca. Nuhun. > > > > > > baktos, > > > > > > ----- Pesan Asli ---- > Dari: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> > Kepada: urangsunda <[email protected]>; kisunda < > [EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]> > Terkirim: Jumat, 15 Agustus, 2008 16:50:01 > Topik: [Urang Sunda] (Serat: 20)(SILIWANGI & KI SANTANG) Ngeunaan Hiji > Jalma. > > Ngeunaan Hiji Jalma > > > > - Ngalengkah laun katebak angin mapai-mapai kebon eurih.Ngahaleuang > hawar-hawar tembang pinuh ku kapeurih. Hiji lalaki ngalakonan dunya bari > hate ngagerih. Asruk-asrukan neangan jalan hirup teu malire suku barabak > katurih. Hayang geura balik nimuan indung bapa,hayang geura balaka yen diri > asa teu wasa,hayang geura balik kapangkuan aranjeuna jiga keur budak > harita,hayang bisa ceurik nepikeun sakabeh nu karasa. Tapi iraha ? > > > > - Engke hiji mangsa bakal panggih jeung jalma jiga kuring,ceuk > Siliwangi ka Ki Santang. Nu jiga kumaha ? Nyaeta jalma nu ngajadikeun > nanaon > cukup ku gerentes. Bisa ngahaokan angin,bisa marentah guludug,bisa nyalukan > cai,bisa ngigelkeun seuneu. Bisa nyaho gerents hate batur,bisa ngagulak > gilek hate batur,bisa ngawasa awak batur,bisa nyaho kahareup bakal kumaha. > Bisa ngubaran panyakit nu euweuh ubarna,ngahudangkeu n nu lumpuh > sakahayangna, bisa ngodok ka jero awak manusa sejena,bisa ngarusak jero > awak > batur ukur ku gerentesna,bisa mawa suka loba manusa,oge bisa mawa karusakan > ka jalma loba. > > > > - Ngadeg ka dunya bari teu sarua jeung sejenna. Istuning pinuh ku > kabingung ngahartikeunana. Euweuh jalma nu kungsi bisa ngebrehkeun nu > ditanyakeunana. Ngan ukur bisa ngaheruk nginget kana nasibna. Ya Allah aya > naon ieu teh ? Ya Allah saleresna saha abdi teh? Ya Allah bade kumaha abdi > teh? Ya Allah kedah kamana abdi teh? Sajuta kabingung nyurulung,bathin > jumerit menta tulung,ngan ukur bisa nuturkeun jalan euweuh tungtung,bari > nungguan katerangan ti Nu Maha Agung diuk di juru bari neuteup ka > langit,ceudeum sarupa jeung bathina nu jumerit,dibulak balik tetep ngarasa > aya nu leungit,sakabeh nu kalakonan pait. > > > > - Lumpat ka nu bisa niat rek tumanya,geuning angger keneh teu bisa > nerangkeun nu ditanya,lumpat nepi karasa geus ditungtung dunya,tapi bathin > tetep asa beda dunya. Beda beda beda jeung beda,kalah sering disebut jalma > rada,fitnah jeung kanyeri lalar liwat ngajeuwang dada,ngan ukur bisa > nyarita > bari dareuda. Hatena ukur bisa ngarenghik,ceurik balilihan disangka ku > jalma > loba jelema musyrik,Gusti Allah,Demi Allah abdi sanes musyrik,jagi bathin > abdi ulah musyrik,Gusti abdi tulungan,bathina ceurik ngabangingik. Diusir > tina kumpulan kulawargana, disebut budak euweuh baktina,disebut jalma loba > dorakana,dirina mung bisa tumarima narima nasibna. Carita hiji budak > manusa,nu diciptakeun teu jiga manusa,mapay jalan lain paragi manusa,tetep > manusa? > > > > - Nepi ka hiji mangsa pinanggih jeung nu diteangana,aya jawaban nu > salila ieu dikorehan dimana-mana, geuning sakabeh aya maksudna. Geus kuduna > tinekanan kana waktuna,datang nyelesep kana sukmana,ngartikeun sakabeh > kabingungna, negerkeun sakuriling manahna. Hadir dina ngimpina,negeskeun > kudu kumaha manehna,ngarah mangfaat sakabeh nu dipibogana,jang memener > karusakan dunyana. Sairing cahya nu nyaangan kalbuna,hadir guru nu salila > ieu geuning nalingakeun teu aya petotna,guru nu teu dinyana eta ngarana. > > Teu langsung percaya kana omongna,da rumasa teu katempo wujudna,sieun > goreng balukarna,komo mengpar tina kayakinan agamana. Kayungyun ku > sabarna,eta guru nuturkeun kahayangna,nepi ka pinanggih ku sorangan > hartina,nungguan nepi ka ikhlas narimana. Hiji guru lain ti bangsa > manusa,dibantuan ku baturna opat welas ayana,dikudukeun nalingakeun jeung > ngagiring jalana,nepi ka siap jang ngalalana. > > > > - Guru nu nunjukeun kudu kumaha,guru nu nunjukeun aturan agamana,guru > nu nerangkeun rek kumaha,guru nu menerkeun mun aya salahna. > > Guru nu jadi guru baheula,nu kungsi ngaguruan karuhuna,nu mingpin Karajaan > Tatar Sunda,nu kaamanatan ngajaga jeung ngariksa. Sugan jeung sugan > laksana,kajeun geus tangtu loba hahalangna,mugi Allah ngalangsarkeun > jalana,dibarengan keukeuh pageuh nyekel akidahna. > > Alhamdulillah hiji dua panggih jeung buktina,hiji dua kabuktian caritaan > guruna,hiji dua aya nu milu sairing ngusahakeunana, hiji dua ka ubaran > nalangsana. > > Ngoreh kasundaan nu tinggal sesana,mapay galeng neangan nu sarua nyaah kana > kasundaanna, ngasruk leuweung dibarengan kaludeung,bari memener jalma nu > keur baluweng. Nyoba ngageuing urang sunda nu sakitu reana,nyalukan geura > buru inget barangbang semplak dina sirahna,ngarah teu geura leungit ciri nu > mustari dina dirina. > > Lain ngarasa asa pang sundana,lain ngarasa asa pang bisana,lain ngarasa asa > pang aingna,tapi ngarasa nyaah ka kasundaana. > > Geus aya nu tiluan maturan,kari nungguan tinekanan,bari tetep inget kana > wiwitan,euweuh mahluk nu aya dina kalanggengan. > > Pun Sapun Kuring Jurungkeun,nyampeur nu dihandeuleumkeun, tunda poho nu > bareto,nu mangkuk di saung butut. Menta dijurungkeun ku nu diamanatan,muka > sesa nu dihandeuleumkeun di daratan,nu ampir kapopohokeun jaman,kajadian di > saung jalma duaan. > > > > - Sakabeh carita geus ngaruntuy jeung buktina,mang taun-taun > diebrehkeun sawareh-sawareh, istuning runtuyan carita nu loba > hartina,sajarah Pajajaran nu geus pageuh katoreh. Tadina hate teu narima > bari mangmang ,nempo untuyan sajarah jiga di awing-awang, anging kersaning > Gusti geuning bisa kasawang,dibarengan muntang ka Pangeran bisi nyalimpang. > Ngan ukur bisa sumujud ka Nu Kawasa,padahal diri teu rumangsa bisa,mugia > tinekanan ka nu jadi mangsa,ngawujudkeun amanat ngadegkeun deui ieu bangsa. > > Jang sakabeh urang sunda,nu ngarasa rahayat sunda,ulah poho aranjeun > sunda,geura wani ngaku bangsa sunda > > > ------------------------------ > Dapatkan nama yang Anda sukai! > <http://sg.rd.yahoo.com/id/mail/domainchoice/mail/signature/*http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/> > Sekarang Anda dapat memiliki email di @ymail.com dan @rocketmail.com. > > >

