Wilujeng tepang deui Om Nonggerak...! Kumaha damang...? Hatur nuhun kana rangkaian...kata-kata...anu ngandung serebu makna... neuleuman kana manah..urang sunda...sareng kasundaanana... puguh...identitas..diri teh...asa sumalimpang...sumalimping...he..he.. mugi bae urang sunda...barangkit...binangkit sareng membangkit...keun...naon naon anu nu kedah dibangkitkeun...dina tataran; malayu tinggi, malayu menengah sareng malayu...rendah... mangga...diarantos...karya-karyi...ti palawarga-palawargi...anu kawit ti palih kaler-kulon wetan, sareng..kidul...geura..kempel...ngempelkeun...nu kedah dikempelkeun...dina patula-patali... sabihara-sabihari...nincak dina kayaan kiwari....anu tos sakitu kabuktosan...ku saderek..saparakanca. Nuhun. baktos,
----- Pesan Asli ---- Dari: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: urangsunda <[email protected]>; kisunda <[EMAIL PROTECTED]>; baraya_sunda <[EMAIL PROTECTED]> Terkirim: Jumat, 15 Agustus, 2008 16:50:01 Topik: [Urang Sunda] (Serat: 20)(SILIWANGI & KI SANTANG) Ngeunaan Hiji Jalma. Ngeunaan Hiji Jalma * Ngalengkah laun katebak angin mapai-mapai kebon eurih.Ngahaleuang hawar-hawar tembang pinuh ku kapeurih. Hiji lalaki ngalakonan dunya bari hate ngagerih. Asruk-asrukan neangan jalan hirup teu malire suku barabak katurih. Hayang geura balik nimuan indung bapa,hayang geura balaka yen diri asa teu wasa,hayang geura balik kapangkuan aranjeuna jiga keur budak harita,hayang bisa ceurik nepikeun sakabeh nu karasa. Tapi iraha ? * Engke hiji mangsa bakal panggih jeung jalma jiga kuring,ceuk Siliwangi ka Ki Santang. Nu jiga kumaha ? Nyaeta jalma nu ngajadikeun nanaon cukup ku gerentes. Bisa ngahaokan angin,bisa marentah guludug,bisa nyalukan cai,bisa ngigelkeun seuneu. Bisa nyaho gerents hate batur,bisa ngagulak gilek hate batur,bisa ngawasa awak batur,bisa nyaho kahareup bakal kumaha. Bisa ngubaran panyakit nu euweuh ubarna,ngahudangkeu n nu lumpuh sakahayangna, bisa ngodok ka jero awak manusa sejena,bisa ngarusak jero awak batur ukur ku gerentesna,bisa mawa suka loba manusa,oge bisa mawa karusakan ka jalma loba. * Ngadeg ka dunya bari teu sarua jeung sejenna. Istuning pinuh ku kabingung ngahartikeunana. Euweuh jalma nu kungsi bisa ngebrehkeun nu ditanyakeunana. Ngan ukur bisa ngaheruk nginget kana nasibna. Ya Allah aya naon ieu teh ? Ya Allah saleresna saha abdi teh? Ya Allah bade kumaha abdi teh? Ya Allah kedah kamana abdi teh? Sajuta kabingung nyurulung,bathin jumerit menta tulung,ngan ukur bisa nuturkeun jalan euweuh tungtung,bari nungguan katerangan ti Nu Maha Agung diuk di juru bari neuteup ka langit,ceudeum sarupa jeung bathina nu jumerit,dibulak balik tetep ngarasa aya nu leungit,sakabeh nu kalakonan pait. * Lumpat ka nu bisa niat rek tumanya,geuning angger keneh teu bisa nerangkeun nu ditanya,lumpat nepi karasa geus ditungtung dunya,tapi bathin tetep asa beda dunya. Beda beda beda jeung beda,kalah sering disebut jalma rada,fitnah jeung kanyeri lalar liwat ngajeuwang dada,ngan ukur bisa nyarita bari dareuda. Hatena ukur bisa ngarenghik,ceurik balilihan disangka ku jalma loba jelema musyrik,Gusti Allah,Demi Allah abdi sanes musyrik,jagi bathin abdi ulah musyrik,Gusti abdi tulungan,bathina ceurik ngabangingik. Diusir tina kumpulan kulawargana, disebut budak euweuh baktina,disebut jalma loba dorakana,dirina mung bisa tumarima narima nasibna. Carita hiji budak manusa,nu diciptakeun teu jiga manusa,mapay jalan lain paragi manusa,tetep manusa? * Nepi ka hiji mangsa pinanggih jeung nu diteangana,aya jawaban nu salila ieu dikorehan dimana-mana, geuning sakabeh aya maksudna. Geus kuduna tinekanan kana waktuna,datang nyelesep kana sukmana,ngartikeun sakabeh kabingungna, negerkeun sakuriling manahna. Hadir dina ngimpina,negeskeun kudu kumaha manehna,ngarah mangfaat sakabeh nu dipibogana,jang memener karusakan dunyana. Sairing cahya nu nyaangan kalbuna,hadir guru nu salila ieu geuning nalingakeun teu aya petotna,guru nu teu dinyana eta ngarana. Teu langsung percaya kana omongna,da rumasa teu katempo wujudna,sieun goreng balukarna,komo mengpar tina kayakinan agamana. Kayungyun ku sabarna,eta guru nuturkeun kahayangna,nepi ka pinanggih ku sorangan hartina,nungguan nepi ka ikhlas narimana. Hiji guru lain ti bangsa manusa,dibantuan ku baturna opat welas ayana,dikudukeun nalingakeun jeung ngagiring jalana,nepi ka siap jang ngalalana. * Guru nu nunjukeun kudu kumaha,guru nu nunjukeun aturan agamana,guru nu nerangkeun rek kumaha,guru nu menerkeun mun aya salahna. Guru nu jadi guru baheula,nu kungsi ngaguruan karuhuna,nu mingpin Karajaan Tatar Sunda,nu kaamanatan ngajaga jeung ngariksa. Sugan jeung sugan laksana,kajeun geus tangtu loba hahalangna,mugi Allah ngalangsarkeun jalana,dibarengan keukeuh pageuh nyekel akidahna. Alhamdulillah hiji dua panggih jeung buktina,hiji dua kabuktian caritaan guruna,hiji dua aya nu milu sairing ngusahakeunana, hiji dua ka ubaran nalangsana. Ngoreh kasundaan nu tinggal sesana,mapay galeng neangan nu sarua nyaah kana kasundaanna, ngasruk leuweung dibarengan kaludeung,bari memener jalma nu keur baluweng. Nyoba ngageuing urang sunda nu sakitu reana,nyalukan geura buru inget barangbang semplak dina sirahna,ngarah teu geura leungit ciri nu mustari dina dirina. Lain ngarasa asa pang sundana,lain ngarasa asa pang bisana,lain ngarasa asa pang aingna,tapi ngarasa nyaah ka kasundaana. Geus aya nu tiluan maturan,kari nungguan tinekanan,bari tetep inget kana wiwitan,euweuh mahluk nu aya dina kalanggengan. Pun Sapun Kuring Jurungkeun,nyampeur nu dihandeuleumkeun, tunda poho nu bareto,nu mangkuk di saung butut. Menta dijurungkeun ku nu diamanatan,muka sesa nu dihandeuleumkeun di daratan,nu ampir kapopohokeun jaman,kajadian di saung jalma duaan. * Sakabeh carita geus ngaruntuy jeung buktina,mang taun-taun diebrehkeun sawareh-sawareh, istuning runtuyan carita nu loba hartina,sajarah Pajajaran nu geus pageuh katoreh. Tadina hate teu narima bari mangmang ,nempo untuyan sajarah jiga di awing-awang, anging kersaning Gusti geuning bisa kasawang,dibarengan muntang ka Pangeran bisi nyalimpang. Ngan ukur bisa sumujud ka Nu Kawasa,padahal diri teu rumangsa bisa,mugia tinekanan ka nu jadi mangsa,ngawujudkeun amanat ngadegkeun deui ieu bangsa. Jang sakabeh urang sunda,nu ngarasa rahayat sunda,ulah poho aranjeun sunda,geura wani ngaku bangsa sunda ___________________________________________________________________________ Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru. Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. Cepat sebelum diambil orang lain! http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

