Keur Nu Dicalukan
Bisi
aranjeun hayang leuwih telek kana diri aranjeun sorangan,kuring InsyaAllah
bisa mantuan mapay nu ku aranjeun geus kungsi kaliwatan,sakalian nunjukeun
yen kami teh lain heuheureuyan,istuning ngalengkah satekah polah
ngusahakeun jang nyukcruk galur ngarah bisa ngadeg deui urut Pajajaran..
Kanggo
Ceu Ambu,saha nu boga dedegan lalaki sedeng eta ? Dedegan kyai seseg,osok
mere papatah nu niiskeun hate lain? Osok datang kana ngimpi lain? Make
baju bodas,panjang nepi ka satengah bitis,sok disebut Ki Haji lain? Geus
lawas bareng ngabaturan lain?
Kang
Ema,kalem,pinuh kayakinan,sarua anjeun oge keur nungguan,hayang bisa muka
nu jadi wiwitan. Hayu urang geura ngamimitian,didasaran ku sarua nyaah
kana kasundaan. Bisi aya nu can kapanggih nu ku anjeun diteangan,sugan
kuring oge bisa saeutik mantuan,ngarah mangfaat kana kasundaan,kuring aya.
Kang
Tirta,kuring nyaho anjeun geus boga jawaban,ulah salempang nepikeun
bebeneran,geura milu babagi nanjeurkeun Kasundaan,geus mangsana urang
ngalengkah babarengan. Kuring apal anjeun geus lawas nungguan,ieu mangsa
jadi kanyataan,kajeun teu kaharti mun dipikiran,ulah ngan ukur dijadikeun
lamunan.
Kang
Tirta,kuring nyaho anjeun boga jawabana,ulah hariwang geura tepikeun
kabalarea,salam ka anu sok mere anjeun beja. Urang bareng ngaguar deui
sajarah sunda,nu geus lila ngacapang ku reka-reka. Kuring bakal
datang,sugan saeutik bisa mere caang,ngarah mere hiji kayakinan,nu ayeuna
ngan ukur kasawang. Kuring wakil ti Sancang,nepikeun nu kudu
ditepikeun,ngajaga nu kudu dijaga,mulangkeun nu kudu mulang. Salam ti
kuring saparakanca.
Ua
Duq,ulah era miluan,da nu kieu mah moal kaharti ku akal pikiran. Sabab
urang sakabeh mahluk ngan saeutik nu dibikeun ka urang-urang,uteuk urang
aya watesna,moal bisa maca kajadian sakabeh alam. Anjeun ge pan teu bisa
nerangkeun kunaon sok kaimpikeun jalma make komprang hideung,iket
hideung,barangbang semplak,nu sok rajeun datang nepungan,kajeun ngan kana
ngimpi anjeun wungkul? Ulah era,lain ukur anjeun nu ngalaman,sing tumarima
dicalukan.
Mang
Ucup,bisi panasaran elmu naon wae nu aya di Pajajaran,kersaning Gusti
sugan kuring bisa mantuan.