Cobi majalahna tiasa lewat pos ka lembur kuring teu?
Upami bade meser simkuring kedah transfer rekening ka mana? Upami tiasa mah
ka bank mandiri transfer-na

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Nining Sariningsih
Sent: Tuesday, August 19, 2008 6:18 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Salaka Online Edisi ka lima Agustus 2008

Kalayan Hurmat,


Alhamdulillahirobbil Allamien, jisim abdi sareng rerencangan, parantos tiasa
medalkeun Majalah Sasihan Basa Sunda SALAKA edisi anu ka lima Agustus 2008.

Anu eusina:

Lalayang/Serat
http://www.salaka.net/?page=Lalayang

Midangkeun:
Pamadegan, kereteg hate, pameda (kritik), usul/saran anu didugikeun ka
Salaka Online ngalangkungan Uparengga Palalangon
(http://www.salaka.net/?page=ContactUs) atanapi ngalangkungan E-mail/Surelek
ka [EMAIL PROTECTED]

Lawang Gintung/Tina Meja Rumpaka
http://www.salaka.net/?page=LawangKori

Midangkeun:
Kabhinekaan Nu Kudu Tetep Tunggal Ika
Nusantara nu diriung ku laut, dipasieup tilu rebu pulo, padumukna aya 400
seler bangsa, mangrupa kabeungharan anugrah  Mahasuci nu tan wangenan.
Rupa-rupa basa indung, nu dipiara tur jadi kakayaan selerna, nu endah pikeun
silih pikawanoh jeung silih pikadeudeuh. Ti taun ka taun ti abad ka abad,
malah nincak mangsa millennium ka ti tilu, kalanggengan basa indung mimiti
muguran. Geus loba basa indung nu paeh, pedah teu dipiara ku selerna
sorangan. Tina 400 seler teh (lolobana di Papua, cenah ceuk hiji
panalungtikan kari 150), nu kaitung badag kari 9. Nya eta, Basa Jawa, Sunda,
Lampung, Bugis, Banjar, Dayak, Batak, Bali, jeung Madura. Taun 1982 Basa
Batak sacara resmi kabejakeun paeh, geus teu dipake di wewengkonna sorangan.
Nepi ka bijil pemeo, puseur basa Batak di Bandung, puseur basa Sunda di
Aceh. Kitu ceuk babaturan, urang Leiden-Walanda. Nu ngayakeun panalungtikan
salila 10 taun.
http://www.salaka.net/?page=LawangKori

Paraloka/Kaagamaan
http://www.salaka.net/?page=Paraloka

Midangkeun:
Taudz Pakarang Manusa
Nu disebat kalimah taudz teh nya eta kalimah anu diparentahkeun ku Allah SWT
sangkan  diaos ku sing saha anu bade ngaos Al Qur�an, sanaos mung saayat.
Eta parentah kaunggel  dina surat An Nahl ayat 98 : Fasidzaa qoro�tal
qur�aana fasta�idz billai minasysyaithoonirojiim. Hartosna  dimana
anjeun rek maca Qur�an, mangka anjeun  kudu nyuhunkeun panyalindungan ka
ALLOH tina panggoda syetan nu dilaknat (dipecat tina rokhmat). Kalimah Taudz
the aya  dua rupi; Kalimah anu ka hiji , numutkeun hadits riwayat Imam Ahmad
sareng Imam Turmudzi, diriwayatkeun ku Imam Abu Daud sareng Imam Nasya�I
nu pihartoseunanana : Katampi ti sahabat Abu Syaid al Hudri , ti Kangjeng
Nabi Muhammad SAW saestuna anjeun (kj Nabi) sapertos biasa  dina sholat sok
ngaos doa Iftitah, lajeng Auuzdu billahi sami�il allimi minassysyaithoo
nirrojimi min hamdziyi wa nafhihi wa  nafsihi, �abdi  sumalindung ka gusti
Allah nu  maha nyandangan, maha uninga tina gogoda syetan nu la�nat
(dipecat tina rokhm
 at), tina fitnahna, tina kagumedeanana sareng tina kakuatan sihirna.�
http://www.salaka.net/?page=Paraloka

Paraguna/Kabudayaan
http://www.salaka.net/?page=Paraguna

Midangkeun:
Panalek, Carpon: Asep Idjuddin
Nu ngajoprak can usik keneh disimbutan angin nu reureundahan
ngagalindengkeun rasa kamari, binarung sora suling nu nyeuitan tineung, can
kungsi reureuh. Duka teuing kunaon, padahal talatah nu diharewoskeun geus
tiheula nyulusup mubus kalbu. Sabenerna asa teu kudu ngahahambur energy,
komo ngahahambur jasad, pan tina harewos ge geus atra, saha nu boga? Tah mun
mikir mah eta panalek kudu dijieun bahan kontemplasi, nafakuran diri.
Jawabanana bisa wae unggal jalma beda, apan hiji tatanan panafsiran mah,
leutik gedena gumantung kana kasangtukang pangaweruh nu nyampak. Teu bisa
eta ge ari sakarep-karep mah, najan katalikung ku �darma wawayangan�
usik malik kuma Kersa, hirup teu nangtungan waktu paeh teu nyaho di mangsa.
Meni asa bener, ngantep diri teu walakaya pedah kauger �teu daya teu
upaya�. Poho tah kana mustika anugerah nu teu dibikeun ka unggal mahluk, A
K A L  jeung B U D I, senjata utama keur ngungkulan hirup, bisa mawa kana
hurip, da kateang ku milah-milih-malah-ma
 lih. Cindekna, moal nepi ka huleng jentul hurun balung, mikiran nu teu
kapikir. Golesat gedebug teu sare unggal peuting, suda dahar, poek pikir,
nyangga beungbeurat nu padahal bisa diecagkeun. Lamun bisa nempatkeun  hirup
dina tempatna. Geus nyaho teu daya teu upaya, bet dikeukeuweuk wae. Pedit,
hawek, sarakah, buah bodo teu bisa nerapkeun mustika. Kawas monyet
ngagugulung kalapa, akal dina wujud otak unggal poe dibabawa, ukur papaes
wungkul, ari teu dipake teu dgunakeun, teu dimangpaatkeun mah. Usikkeun
sakalian kadalian ku kalbu. Matak harewos teh dicecebkeun kana kalbu, dina
wujud daging jantung. Ngamudi akal ngarah bijil sari B U D I. Adumaniskeun,
janggelekkeun jadi akal-budi dina wujud laku-lampah, nu mucunghul tina niat,
ucap, rengkak-paripolah. Salila eta kadali teu dilesotkeun, nya lalaunan
nerekelkeun ajen kana undakan insanul kamil.
http://www.salaka.net/?page=Paraguna

Galindeng Kacapi Diri (4), Carita nyambung Dyah Kania Pitaloka
Kabeh gambar kalakuan tepung munggaran, tuluy hahadean antara manehna jeung
Ika, lir film, taya nu kaliwat. Enya sabenerna mah, teu salah-salah teuing
Ika. Manehna ge rumasa kecing, jeung kaduhung kareureuhnakeun. Basa manehna
anyar diwisuda, Ika nitah buru-buru nepungan kolotna. Sahenteuna, neundeun
neundeun omong atuh, kilangbara nanyaan mah, ceuk Ika harita. Ari manehna
ngarasa can sayaga. Mikirna panjang, gawe can boga, kolot batan sakitu,
piraku rek nurut ka mitoha. Gengsi. Manehna menta waktu, sataun. Tapi geus
sataun teh, masih keneh can meunang pagawean. Leos we diajar ngumbara, ka
kota sejen. Sugan di Jakarta mah, moal heurin kawas di dieu. Manehna teu
wani mere beja. Sabab keur saheulaanan mah, nyiar kipayah na teh, jadi juru
laden, alias tukang ngaduk dina bangunan. Hasilna ukur mahi keur dahar
sapopoe, bari kudu ngirit, da kudu mayar kamar panganjrekan. Kitu we
pagaweanana pundah-pindah, da ngirimkeun lamaran mah angger dilakonan.
Dalapan bulan ti harita, lamarann
 ana aya nu narima, di hiji pausahaan media. Sanggeus lulus testing, tuluy
milu diklat salila tilu bulan. Tah eta nu rumasa dosa teh. Salila dalapan
bulan, manehna teu ngirim beja sakali-kali acan, dalah alamat na ge teu
dibejaan Ika teh, da era, bisi Ika nyusul kana gowok, sisi susukan.
http://www.salaka.net/?page=Paraguna

Puisi - puisi Shinta Ayu Punianjung
http://www.salaka.net/?page=Paraguna

Prepantun/Sajarah
http://www.salaka.net/?page=Prepantun

Midangkeun:
Karajaan Sunda
Sakumaha anu dijelaskeun ti heula, yen Tarusbawa diistrenan jadi raja
Tarumanagara, ngaganti mertua (Maharaja Linggawarman) dina taun 669 M. Taun
670 Tarusbawa ngaganti ngaran karajaan jadi karajaan SUNDA, puseurdayeuhna
di Purasabha Sundapura, wewengkon Bekasi ayeuna, dipindahkeun rada ka jero
(pedalaman), ka wewengkon Batutulis-Bogor ayeuna. Akibat ngaran karajaan
diganti, dijieun kasempetan ku Wretikandayun (ngadegkeun karajaan Galuh taun
612 M), pikeun misahkeun diri tina kakawasaan Tarumanagara. Tarumanagara di
bagi dua kalawan watesna Citarum.  Ka Beulah kulon wewengkon Sunda, ka wetan
wewengkon Galuh atawa Parahyangan. Tarusbawa mindahkeun karaton puseur
pamarentahan teh, kacatet dina kropak no. 406 nu unina : Di inya urut
kadatwan, ku bujangga Sedamanah, ngaran sri kadatwan
Bima-Punta-Narayana-Madura-Suradipati. Anggeus ta tuluy diprebokta ku
Maharaja Tarusbawa deung bujangga Sedamanah. Disasar ka hulu cipakancilan,
katimu Bagawat Sunda Mayajati, ku bujangga Sedamana
 h dibaan ka hareupeun Maharaja Tarusbawa. �Di dinya  urut karaton nu ku
Bujangga Sedamanah dingaranan Sri Kadatun
Bima-Punta-Narayana-Madura-Suradipati. Sanggeus beres diwangun, diberkahan
ku Maharaja Tarusbawa jeung bujangga Sedamanah. Diteang ka hulu
Cipakancilan, di dinya kapanggih Bagawat Sunda Mayajati; ku bujangga
Sedamanah dibawa ka hareupeun Maharaja Tarusbawa�.
http://www.salaka.net/?page=Prepantun

Byapari/Tokoh, Pangajen, Panghargaan
http://www.salaka.net/?page=Byapari

Midangkeun:
Oto Iskandardinata
Dugi ka kiwari teu kapendak di mana jasadna saparantos dipergasa di basisir
Mauk, Tangerang. Makamna di Pasir Pahlawan, Lembang, Kab. Bandung, mung
sakadar simbolik. Padahal anjeunna the Pahlawan Nasional. Peryogi ayana
panalungtikan anu langkung teges, saha nu mergasana, dimana jasadna nu
saleresna.
http://www.salaka.net/?page=Byapari

Museum Negeri Sri Baduga Penting Keur Sarana Pendidikan
Anu daratang ka Museum Sri Baduga satiap taunna aya kana 150.000 urang. Tina
jumlah sakitu teh kira-kira 80 % rereana pelajar. Hiji hal anu
ngagumbirakeun yen masarakat Bandung hususna, Jawa Barat umumna, utamana di
kalangan barudak sakola aya paningkatan ti taun 2006 anu kurang leuwih
138.000 urang. Di luar siswa  anu daratang  ka Museum, aya kulawarga,
mahasiswa, tamu nagara jeung tamu asing. Ningkatna jumlah anu daratang ka
museum  mangrupa ciciren yen geus aya kasadaran masarakat pikeun
ngamangpaatkeun Museum Sri Baduga keur sarana pendidikan.
http://www.salaka.net/?page=Byapari

Pawayagahan/Carita Alam Aheng
http://www.salaka.net/?page=Pawayagahan

Midangkeun:
Balik Deui Kana Beuteung Indung
Isuk-isuk keneh geus hudang, muru jam genep rek ka sawah. Balik ba�da
Lohor. Datang ka imah, kedewek dahar, reureuh, sholat. Reup peuting
sare�������, Isuk-isuk hudang . Kitu jeung kitu bulak balik,
unggal poe, unggal bulan, unggal taun. Kudu hudang isuk-isuk, kudu kasawah
ngawaskeun pagawe, kudu dahar, kudu sare jeung sajabana ti kudu. Lalakon
hirup duapuluh opat  jam saban poe ngan kitu jeung kitu wae. Hirup tungkul
kana kudu, disengker ku waktu.
http://www.salaka.net/?page=Pawayagahan

Pawitra/Pabukon
http://www.salaka.net/?page=Pawitra

Midangkeun:
Pameran Buku Bandung 2008
Sanajan dina bulan tukang rea panerbit nu geus rek �maot� lantaran
naekna harga keretas 2 kali dina salila 3 bulan, ditambah dampak kanaekan
BBM nepi ka IKAPI tibabaranting ngajaga kawijakan pabukon nasional kaasup PP
No. 2 taun 2008 jeung meulina hak cipta tulisan buku pangajaran beuki
ngabeungbeuratan kahirupan anggota IKAPI  pikeun ngawangun budaya baca jeung
bisnis pabukon nu saimbang, jade karasa liwung jeung nguyung saperti cek
papatah �maju keuna, mundur keuna�. Pameran Buku Bandung 2008 mangrupa
jawaban ti panerbit nu kagabung kana IKAPI anu tetep teuneung jeung
konsisten pikeun ngabina budaya baca masarakat dina raraga ngajaga kualitas
peradaban manusa nu berbudaya di tengah kendala jeung kasulitan nu
disanghareupan.
http://www.salaka.net/?page=Pawitra

Maraspande/Wisata
http://www.salaka.net/?page=Maraspande

Midangkeun:
Panjalu
Panjalu ngaran hiji desa di kacamatan Panjalu, kabupaten Ciamis, provinsi
Jawa Barat. Desa Panjalu sakaligus jadi  ibukota kecamatan Panjalu.
Prasarana jalan ka eta tempat memang hade. Boh nu asalna ti kulon atawa
wetan. Ti kulon, utamana ti Bandung ngajugjug Panjalu ngaliwatan desa Ciawi,
Panumbangan. Jauhna aya kana 100 km. lamun ti wetan nyaeta ti Cirebon atawa
Kuningan ngajgjug Panjalu ngaliwatan Panawangan jeung Kawali jauhna kurang
leuwih 30 km.
http://www.salaka.net/?page=Maraspande

Badingkut/Rupa - rupa, warna - warni
http://www.salaka.net/?page=Badingkut

Midangkeun:
SMP NEGERI 38 BANDUNG Boga Prestasi Anu Nyongcolang Di Widang Olahraga Jeung
Kasenian
SMP Negri 38 Bandung anu pernahna di jalan Borobudur, kuloneun TVRI Bandung,
ngabogaan prestasi anu nyongcolang utamana dina olah raga Futsal. Padahal
prestasi lianna  oge saperti  dina widang Bina Mushola POPP,  Majalah
Dinding, Lomba Lukibra, Ngalukis, Debat Bahasa jrred.  boga prestasi anu
lumayan. Malah dina bulan Mei nu anyar kaliwat, SMPN 38 oge ngaboyong dua
Trophy,  jadi juara ka I Pasanggiri Rampak Sekar jeung Paduan Suara sa-Kota
Bandung. Hususna dina widang seni, siswa-siswina di bimbing ku Bapak Asep
Rahardja jeung Ibu Junengsih,S.sen.
http://www.salaka.net/?page=Badingkut

Pensiunan PT.TELKOM Jadi Tukang Mulung
Saha anu teu hareugeueun Pangsiunan salah sahiji perusahaan pang majuna di
Indonesia, jadi pamulung. Bet teu kaharti ku akal, naha ieu teh taya
perhatian ti  para inohong PT.TELKOM atawa karyawanna teu bisa ngirit duit
gajih. Sabaraha atuh gajihna the, kumaha nepi ka bisa jadi Pamulung?
http://www.salaka.net/?page=Badingkut

Belenyeh/Guguyon
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Midangkeun:
Ngadaharan Batu
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Garam Inggris
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Rematik
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Maen Bal
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Kuciwa
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh


Mugi janten uninga, oge timpah hatur nuhun, upami kersa ngalongok.

Rumpaka Salaka
http://www.salaka.net - Sunda sadu Santa Budi
Imah pangancikan Raga, Basa pangancikan Rasa, Sunda pangancikan Kula.

------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links





------------------------------------------------------------
NOTE: The information contained in this e-mail is intended only for the use of 
the individual or entity named above and may contain information that is 
privileged, confidential and exempt from disclosure under applicable law. If 
you are not the intended party to receive the message and its attachment(s), 
you are hereby notified that any dissemination, distribution or copy of the 
message is strictly prohibited. Please immediately notify the sender and delete 
the message as soon as possible. Thank you for kind attention.

CATATAN: Email yang terkirim melalui PT. PERTAMINA EP bersifat pribadi dan 
mungkin rahasia. Jika secara tidak sengaja Anda menerima surat elektronik ini, 
mohon maaf. Sekiranya berkenan, mohon untuk memberitahu kepada pihak pengirim 
akan kekhilafannya serta menghapus suratnya. Terima kasih atas perhatian Anda.

Kirim email ke