Sugan baé bisa jadi mangpaat pikeun pamakéan kecap-kecap kuring jeung jisim,
ieu aya katerangan beunang ti Kamus Basa Sunda jieunan R. A. Danadibrata:
Kuring
1. Kuring dina harti:
jelema nu martabatna handap, cacah (basa Hindu: Sudra)
dipikuring: dijieun atawa dianggap bujang, badéga, jelema biasa cacah
baraya ti kakuringan: baraya ti katurunan kuring
ménak kuring: (1) nu jadi ménak lain asal turunan ménak, tapi turunan cacah
pédah gedé milikna bisa jadi ménak, (2) batur jenu balaréa, sakabéh jelema
2. Kuring dina harti:
gaganti ngaran jalma kahiji, lemesna mah: sim kuring
kecap kuring kaasup basa lemes sedeng, dipakéna ku jelema nu umurna saluhureun,
tapi martabatna handap
sakuringeun: saukur cukup pikeun kuring wungkul
Jisim
Jisim (kecap nu asalna tina basa Arab): wujudna badan jelema hirup atawa nu
geus jadi mayit, sok disebut ogé jasad atawa jirim. Kecap jisim sok
disambungkeun jeung abdi atawa kuring (jisim abdi atawa jisim kuring) anu
hartina leuwih lemes manan kecap abdi atawa kuring.