Sari Kuring, Lembur Kuring, Menteng Kuring..arawis katuanganna ..tapi raraos..aeh naha bet nyolowedor kana emameun yeuh..lapar...
On 8/25/08, Waliwis Bodas <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sugan baé bisa jadi mangpaat pikeun pamakéan kecap-kecap *kuring*jeung > *jisim*, ieu aya katerangan beunang ti Kamus Basa Sunda jieunan R. A. > Danadibrata: > > *Kuring* > > 1. Kuring dina harti: > > - jelema nu martabatna handap, cacah (basa Hindu: Sudra) > - dipikuring: dijieun atawa dianggap bujang, badéga, jelema biasa cacah > > - baraya ti kakuringan: baraya ti katurunan kuring > - ménak kuring: (1) nu jadi ménak lain asal turunan ménak, tapi turunan > cacah pédah gedé milikna bisa jadi ménak, (2) batur jenu balaréa, sakabéh > jelema > > 2. Kuring dina harti: > > - gaganti ngaran jalma kahiji, lemesna mah: sim kuring > - kecap kuring kaasup basa lemes sedeng, dipakéna ku jelema nu umurna > saluhureun, tapi martabatna handap > - sakuringeun: saukur cukup pikeun kuring wungkul > > > *Jisim* > > Jisim (kecap nu asalna tina basa Arab): wujudna badan jelema hirup atawa nu > geus jadi mayit, sok disebut ogé jasad atawa jirim. Kecap jisim sok > disambungkeun jeung abdi atawa kuring (jisim abdi atawa jisim kuring) anu > hartina leuwih lemes manan kecap abdi atawa kuring. > > > >

