Jalu, kasep, sora f, q, v, x, z mah ulah diasupkeun kana aksara sunda kuno 
(kaganga), keur nanahaon? Keun bae eta mah kumaha ayana da eta mah sajarah, 
lin? Nu penting mah ayeuna, aksara laten nu dipake ku urang Sunda kudu 
diluyukeun pamakeanana jeung kaayaan jaman, ulah dikurangan, dileungitkeun 
sora-sora f, q, v, x, jeung zna.
 
Aksara Malayu kuno oge hentue wanoh kana sora f, q, v, x jeung z tapi mangsa 
urang Malayu make aksara laten, maranehanana lengkep make a nepi ka z..
 
Sanajan kitu, masih loba urang Indonesia anu henteu bisa ngucapkeun sora f, 
hususna urang Bali, Jawa, Sunda jeung Batawi. 
 
Hidep bisa nyorakeun f henteu? Lamun henteu, carana: tiupkeun hawa tina saluran 
nafas bari huntu nu luhur diantelkeun kana biwir handap.
 
Kalolobaan urang Jawa nu ngaku bisa nyorakeun f  nu kapanggih ku kuring sok 
salah, nyorakeunana ef teh jadi eph. Huahahaha
 
 


--- On Tue, 8/26/08, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: ua duq <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Kecap filem jeung kecap pilem
To: [EMAIL PROTECTED]
Date: Tuesday, August 26, 2008, 4:59 AM







enya, bakating ku era... eta hurup, jeung dua deui baturna diasupkeun (dipaksa 
asup?)... kana runtuyan hurup nu ayeuna diaku jadi hurup sunda...ka ga nga 
tea....


On Mon, Aug 25, 2008 at 4:54 PM, Waliwis Bodas <waliwisbodas@ ymail.com> wrote:


Miluan nya. Meunang teu?
 
Salah atuh jang lamun disebut urang pakidulan narongton pelem mah. Nu kadéngé 
ku kuring mah maranéhanana téh sok ngucapkeun narongtom pélem malum teu bisaeun 
nyorakeun sora f. Ngérakeun pisan nya, meni teu bisa ngucapkeun f. Matak éra 
sok dipoyokan ku urang Batawi atawa Jawa (anu padahal mah maranéhanana gé teu 
bisa nyorakuen f, hua ha ha ha).

__ 


-- 
d-: dudi herlianto :-b
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~
 














      

Kirim email ke