hanjakal na teh bah, geus asup... nurutkeun perda no 6 taun 1996... cenah f
-> fa, v -> va, x -> xa, z -> za...
alesanna mah cenah supaya hurup sunda bisa ngigelan zaman.
alhamdulilah bah, ngabedakeun p,f,v teh kuring mah can bisa. jeung teu pati
hayang bisa deuih, keun we sugan bisa dijadikeun identitas :))

duq
(haha ternyata uing nyanyahoanan,lain ukur tilu geuning nu dipaksa asup kana
ka ga nga teh)

On Tue, Aug 26, 2008 at 12:18 PM, Waliwis Bodas <[EMAIL PROTECTED]>wrote:

>   Jalu, kasep, sora f, q, v, x, z mah ulah diasupkeun kana aksara sunda
> kuno (kaganga), keur nanahaon? Keun bae eta mah kumaha ayana da eta mah
> sajarah, lin? Nu penting mah ayeuna, aksara laten nu dipake ku urang Sunda
> kudu diluyukeun pamakeanana jeung kaayaan jaman, ulah dikurangan,
> dileungitkeun sora-sora f, q, v, x, jeung zna.
>
> Aksara Malayu kuno oge hentue wanoh kana sora f, q, v, x jeung z tapi
> mangsa urang Malayu make aksara laten, maranehanana lengkep make a nepi ka
> z.
>
> Sanajan kitu, masih loba urang Indonesia anu henteu bisa ngucapkeun sora f,
> hususna urang Bali, Jawa, Sunda jeung Batawi.
>
> Hidep bisa nyorakeun f henteu? Lamun henteu, carana: tiupkeun hawa tina
> saluran nafas bari huntu nu luhur diantelkeun kana biwir handap..
>
> Kalolobaan urang Jawa nu ngaku bisa nyorakeun f  nu kapanggih ku kuring sok
> salah, nyorakeunana ef teh jadi eph. Huahahaha
>
>
> _,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-b
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~

Kirim email ke