ka abah eman di wewengkon priangan.. ngarana ge tos aki abdi teh....rek nga waas keun jaman keur budak keneh, aki ngojay di cibrani keur leutik umur 8-10th kasa inget teh aya tambak di rada hieum aya tangkal waru mun teu salah. da lamun teu aya cahaya panonpoe teh tiris ari ka luar ti solokan teh bari ngadeg-deg lumpat kaluhur ka tambak di hilir-na ngarah sosorodotan deui. kuring oge pernah di seuseul ku pun bapa teh da poho mere nyaho mun kuring ngojay, ceuk ema di carekan teh pedah jarambah jauh2 jeung teu bebeja heula. anu puguh mah mun kuring bebeja pasti teu meunang jadi weh susulumputan. abah eman di cibarani mah harita geus euweuh laukan ngan asana teh ka lebah hilir aya laukan, terang soteh hiji mangsa ngala tamiang keur sumpit da loba tangkal tamiang di hilir cibarani teh. tah lamun geus motong tamiang ku peso mintul duka nu saha harita heug motong jalan anu lamping teh ka luar luar luhureun pasar ciumbuleuit pas dina tatanjakan jalan ciumbuleuit.... abah eman anu matak nga waas keun ka-endahan-na bandung pikeun aki teh tah palebah tatanjakan teh pas imah-na popotongan keur jaman remaja aki. Alhamdulillah kuring masih tiasa di ingetkeu sareng di sehatkeun ku Allah, mugi urang kapayun masih tiasa di tepung keun dina milis ieu nya abah. sono tepung wanoh ti aki eman.
__________________________________________________ Do You Yahoo!? Sie sind Spam leid? Yahoo! Mail verfügt über einen herausragenden Schutz gegen Massenmails. http://mail.yahoo.com

