Waduh Aki Eman, atuh kantenan waas abah ngiring raos maos guar pangalaman keur bubudakna aki Eman. Kapan saur Koesplus oge, "masa remaja masa yang paling indah..." Hehe, gueningan ari kanyaah sepuh mah sami wae nya Ki, sanaos bari galak oge.
Ari abah mah seja ngojay tea sanes di walungan cara Cibarani, tapi di susukan kali Cideng. Anu waktos zaman administrasi Walanda kanggo pamiceunan cai limbah rumahtangga wewengkon Menteng. Kapan susukan na oge dibenteng sanes kanten sapanjang Jl Madura awit ti Cikini tug dugi ka Jl Thamrin mani sapertos swembat weh. Maklum atuh Ki Eman, kapan abah mah urang kampung Kebon Sayur Tanah Abang tea. Sanaos janten tatanggi ka Hotel Indonesia oge. Terasan susukan teh nyambung ka kanal Cideng anun pas nyampak kan bates kampung. Tapi abah mah hoream weh upami kudu ngojay didinya. Jaba taya tangkal kersen keur ubar hanaang hanjat ngojay. Jaba cak batur mah, aya kedung buhaya buntung deuih. Hih atuh kantenan weh barudak sieun temen ngojay didinya. Jaba abah kantos ngingali buhayana keur moyan di caang bulan. Duh eta mah Ki, buhaya tea siga bangkong raksasa weh. Mani bodas ngagurilap jaba calangap deuih. Hiyyy, serem dah, mun cak barudak Jakarta mah. Hehe, sanaos limbah oge tapi cai susukan tea mani ngagenclang herang. Jaba teu jero tapi bari cingogo masih bisa silulup deuih, tapi anu matak betah kuloba lauk tampele anu lalucu warna warni. Kapan alus tah Ki lamu ku abah teundeun dina peles kaca urut sale. Sok komo lamun kabeneran meunangkeun lauk cupang aduan. Rehna matak teu bosen neuteupan polah tingkahna tug nepi ka janari oge. Biasana abah ngojay, awit ti mulang sakola weh. Kapan abah sakola di SR Asem Lama (ayeuna Jl KH Wahid Hasyim). Kitu teng bel tanda balik sakola tos kabayang weh tiis tur suka bungahna ngojay tea. Terus hate sabil, laju ka susukan tapi aya risiko digebugan atawa balik heula kaimah tapi aya risiko teu meunangeun ku sakadang kolot. Waktos eta abah masih umuran 8-9 taun. Keur meujeuhna bantongor matak waas weh. --- In [email protected], Eman Sulaeman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > ka abah eman di wewengkon priangan.. > ngarana ge tos aki abdi teh....rek nga waas keun jaman keur budak keneh, > aki ngojay di cibrani keur leutik umur 8-10th kasa inget teh aya tambak di > rada hieum aya tangkal waru mun teu salah. > da lamun teu aya cahaya panonpoe teh tiris ari ka luar ti solokan teh bari > ngadeg-deg lumpat kaluhur ka tambak di hilir-na ngarah sosorodotan deui. > kuring oge pernah di seuseul ku pun bapa teh da poho mere nyaho mun > kuring ngojay, ceuk ema di carekan teh pedah jarambah jauh2 jeung teu > bebeja heula. > anu puguh mah mun kuring bebeja pasti teu meunang jadi weh susulumputan. > abah eman di cibarani mah harita geus euweuh laukan ngan asana teh ka > lebah hilir aya laukan, terang soteh hiji mangsa ngala tamiang keur sumpit > da loba tangkal tamiang di hilir cibarani teh. > tah lamun geus motong tamiang ku peso mintul duka nu saha harita heug > motong jalan anu lamping teh ka luar luar luhureun pasar ciumbuleuit pas > dina tatanjakan jalan ciumbuleuit.... > abah eman anu matak nga waas keun ka-endahan-na bandung pikeun aki teh > tah palebah tatanjakan teh pas imah-na popotongan keur jaman remaja aki. > Alhamdulillah kuring masih tiasa di ingetkeu sareng di sehatkeun ku Allah, > mugi urang kapayun masih tiasa di tepung keun dina milis ieu nya abah. > sono tepung wanoh ti aki eman. > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Sie sind Spam leid? Yahoo! Mail verfügt über einen herausragenden Schutz gegen Massenmails. > http://mail.yahoo.com >

