Tanda Kujang
Sampurasun,kuring
wawakil ti Sancang Kaler,
kuring
kapancenan hiji jalma ti kaler,
mareuman
kajadian nu bakal nyieun karusakan,
ngigelan
jalma-jalma nu sok boga niat nyieun karusakan.
Kuring mawa
tanda nu disebut Kujang,
dibikeun ka ieu
jalma nu geus diamanatan,
jang muka deui
nu geus jadi wiwitan,
di dayeuh nu
ngahandeuleum di Tatar Pajajaran.
Hampura kuring
teu boga basa,
kuring rumasa
garihal mun nepikeun ku basa,
kuring wani
palastra batan kudu eleh kawasa,
kasaha wae nu
boga niat ngarogahala nu jadi sesa.
Lain kuring
bisa,
lain kuring
kawasa,
ngan ukur
ngajaga sesa,
nyepeng pancen
sabisa-bisa.