Duh etah, wengkon Siliwangi mah tangtos pakotaan atuh. Ti pun biang, abah kawit ti Manislor Jalaksana. Singaparna? Hehe bakal seueur dongengkeuneun atuh cep. Warsih 2001 abah kantos ngawengi di Cimanggu, kantos silahturami ka Ajengan Zaenal di Leuwibudah. Malihan abah kantos ngawengi oge di pengrajin ladu di Jl. Kaum Selatan. Agustus kamari oge abah kantos diangkir ku pun besan sakularwargi ka Cibalanarik, ngawengi di bumina Haji Bii (sabrangeun Baledesa Cibalanarik) anu ageung sigrong lir istana kengin 4 wengi.
Hehe, puguh resep abah ngabandungan anu gunemcatur perkawis rokok. Tapi abah mah moal pede ulubiung. Da eta kapan abah oge masih ngaroko --- In [email protected], Heri <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Punten nembe jol deui, margi tara tiap dinten nyoo internetna hehe...abdi kawit ti singaparna, di kuningan nembe aya 5 thn, di daerah purwawinangun (siliwangi alias dayeuh panginten). > Hatur nuhun kana panampiana, duh ku rame gening ieu nuju hog hag perkawis roko teh? > > -----Original Message----- > From: Abah Eman <[EMAIL PROTECTED]> > Sent: Tuesday, September 02, 2008 11:12 AM > To: [email protected] > Subject: [Urang Sunda] Re: Nepangkeun... > > Waalaikumsalaam. Tah tah tah aya cep Heri geuningan. Hatur salam > tepang oge ti abah. Kuningannana palih mana? Pun bapa ti Linggajati, > pun biang ti Jalaksana. Hehe, besan abah ti Cibalanarik, Singaparna. > > --- In [email protected], "fathur_am" <heri.dentist@> > wrote: > > > > Asslm. > > nepangkeun abdi heri, ayeuna domisili di kuningan, da pami asli mah > > ti tasik. > > abdi bingah pisan ku ayana milis sunda ieu teh, atuh salam tepang > na > > wae ka akang, teteh, sareng saderek sadaya nu aya di ieu milis, > hatur > > nuhun. > > > > > > ------------------------------------ > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > Yahoo! Groups Links >

