Subahanllah. Mun seug ti bareto abah gabung di ieu milis nya. Teras tepang ka cep Indra. Manawi abah moal leungiteun pun alo anu miharep pisan ka neng as3. Duh da eta mah anu namina Fahmi teh, jalan huripna teu sirikna kawas sisit kadal weh. Naek semplak, niti semplek tea. Duka teuing tah kuma nasibna nuju lalayaran dikapal pesiar di Caribia. Manawi cep Indra aya tepang ka neng as3. Haturkeun salam abah anu masih ngudud tea nya. Kapan neng as3 teu kiat upami lami2 di haseup udud tea. Sok laju bae pilekna kambuh. Haturkeun salam silaturahmi abah ka tuang ramana. Tapi hih abah henteu keur ngundeuk2 geusan eunteup. Etang2 ibadah nebar silaturahmi di bulan suci. Wassalam.
--- In [email protected], Indra Tritura <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > emh muhun as3 mah kenal pisan, kaleresan ramana cakeut pisan sagulung-sagalang sareng abdi. > Leres neng as3 nu alit geulis, soleh, sareng pinter deuih, anjeuna ayeuna janten sekretaris > bagian Program Improvement, masih di SPV. > > Wass, > Indra3tura > > > ----- Original Message ---- > From: Abah Eman <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Wednesday, September 3, 2008 7:21:26 PM > Subject: [Urang Sunda] Re: Nepangkeun... > > > Alhamdulillah. Pon kitu deui upami salira nuju di Jakarta mangga tong > asa2 sindang oge ke abah nya. Insyallah, urang seja duduluran bae. > Perkawis SPV mah, kapungkur pun alo Fahmi kantos kataji pisan ka neng > as3, sekretaris urusan kesejahteraan personalia. Ku camperenik weh. > Biasalah pami nonoman silih adu katresnan. Kituh cenahna cep Indra. > Namung sigana mah tos janten masalalu geuningan cep. Subhanallah. > > --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, Indra Tritura <indra3tura@ ...> > wrote: > > > > Mangga dihaturanan, iraha bae, mung punten info heula ka sim kuring > nya Bah.. > > Perkawis pabrik SPV, kataji kunaona nya Bah? manawi tiasa dibantos, > sim kuring seeur terang ka SPV mah. > > Wassalam, > > IT > > > > > > > > ----- Original Message ---- > > From: Abah Eman > > > > Wilujeng Shaum. Bingah atuh abahna cep Indra, sanaos tos ngalih ka > > Ciganea oge. Bagea nambihan dulur, sugan pareng pami abah nuju di > > toll Purbasari (Purwakarta, Bandung, Pasar Cileunyi) kapan abah > tiasa > > sindang. Sanes cep, abah mah kataji kana pabrik SPV di BKC tea. > > > > --------x diteukteuk k#5 > > >

