A. HAL BEDOG
Target anggeus ngaguliksek perkara bedog teh pertengahan 2009.
Nu tos rada kakobet :
1.  Kecap golok aya dina naskah kuna S.Siksakandang Karesian (1518M), kecap 
bedog teu acan kapanggih dina naskah Sunda kuna. Golok pakarang raja, bedog 
pakakas somah, lantaran naskah kuna produk intelektual jaman harita pasti 
leuwih deukeut kana kakawasaan (raja) jadi sigana leuwih loba hal-hal anu aya 
patalina jeung raja nu asup kana naskah jaman harita. 
2. Aya anggapan Golok leuwih deukeut kana pakarang, keur kaperluan martial art 
(bela diri) bedog leuwih deukeut kana pakakas, alat paranti digawe. Tapi eta ge 
teu pati kukuh, sabab loba pacorokna, komo sanggeus kecap golok dianggap basa 
Indonesia nu remen ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi bedog.
3. Lamun golok pakarang raja dina mangsa bihari, naha dina waktu nu sarua geus 
aya bedog di rahayat?, sigana lamun nyekel kana eusi S.Siksakandang Karesian 
didinya dipisahkeun antara pakarang raja jeung pakarang rakyat. Kecap bedog teu 
kasebut, jadi mucunghulna bedog mangrupa mimikri (titiron) tina golok. Dina 
konsep mimikri Homi K Bhabha salian titiron tapi deuih aya unsur 
ngageuhgeuykeun anu sifatna rada mangrupa perlawanan kultural. Meureun lamun 
disebut tina golok jadi bedog nya didinya aya desakralisasi, lantaran aya 
counter culture ti rahayat, anu satuluyna bedog jadi prah di rahayat. Tapi naha 
aya keneh unsur bihari nu napel keneh dina bedog sapuratina (wilah, gagang, 
sarangka), nu kapanggih mere tanda aya keneh tapak lacak nu bihari. 
4. Fungsi bedog aya fungsi praktis, estetis, filosofis jeung ekonomis. Maca 
tina ngaran wilah, wangun wilah, ragam hias dina gagang jeung sarangka, bedog 
leuwih deukeut kana batur keueung tibatan batur ludeung, hartina nu nyoren 
bedog (urang Sunda) leuwih deukeut kana defensif tibatan ofensif. 
5. Dina bedog kapanggih aya unsur feminim. Jadi lamun lalaki nyoren bedog teu 
beda jeung ngagondeng indung salaku batur pakumaha. Naha hal ieu teh aya 
pakaitna jeung posisi indung (Ambu) dina carita rakyat (folklore) urang Sunda 
nu karekam dina pantun, enya nu kapanggih mah siga kitu, sok sanajan 
pamuntangananan kana teori Pa Jakob Sumardjo (naha aya teori sanes? punten 
nyuhunkeun kamandangna) 
6. Ceuk cenah urang Sunda teh masarakat huma (pangna disebut ceuk cenah teh 
pedah we can manggih nu munggaran, saha nu nyebutkeun pangmimitina yen 
masarakat Sunda teh ngahuma) konsekwensi tina disebut masarakat huma tuluy we 
dilelebah, tah kuring ge dina hal bedog teh kitu. Upamana pacul urang jawa 
wangun paculna jeung cara ngadoranan rada beda jeung urang Sunda, meureun eta 
pangbeda teh lantaran bedana masarakat sawah jeung masarakat huma. Bedog salah 
sahiji ciri pakarang/parabot/pakakas masarakat huma, luyu jeung alamna. Matakna 
wangun pakarang nu mirip bedog leuwih loba jolna ti Sumatra atawa Kalimantan 
tibatan ti Jawa sanajan tatangga. (kanggo ngawewegan hal ieu panuhun ka baraya 
sadayana nu aya di Kalimantan, Jawa Timur/ Kang Tito, Bali/Gan Les, Jawa 
Tengah, Sumatra atanapi saha bae dimana bae manawi kantos ningal, nguping, 
atanapi ngobrol, perkawis sarupi kieu, bagi kamandangna ka sim kuring, 
nuhun-nuhun upami aya gambar/foto pakarang unggal daerah).
7. Tulisan awal ngeunaan bedog bade dimuat dina Sundalana No.7 (saurna ahir 
September sasih ieu bade medal) 

B. HAL SEJEN.
Kungsi ngobrol jeung bule, literatur ngeunaan Sunda teu loba. Ieu mere ciri yen 
di Sunda teh euwueuh nu pantes ditulis atawa Sunda teh parawan keneh hartina 
can loba ditulis. Hiji etnis sakaligus entitas anu sakieu gedena pamohalan 
lamun euweuh nu pantes ditulis, jadi leuwih pas lamun disebut can loba nu 
ditulis, parawan keneh.
Insya Alloh perkara bedog rengse pertengahan 2009, tah satuluyna hayang nulis 
perkara lisung. Bilih aya nu bade ngiringan mangga, atuh aya nu bade nyerat 
nyalira perkara lisung mangga teh teuing, urang silih beungharan we.
Hal sanes nu sok sering ditaroskeun : (wani nyebut kieu teh pedah we kuring 
boga rumah baca buku sunda, sok loba nu tatanya, bari jeung euweuh bukuna)
1. Panalungtikan Ragam Hias Sunda
2. Estetika Sunda hal pakean (iket, baju jste)
3. Sasakala ngaran tempat (toponimi)
4. Naha di Bandung aya ngaran jalan Prabu Dimuntur, Sulanjana, Rangga Gading, 
Sulanjana, jste.
5. Folklore Sunda salian Sangkuriang jste 
(Sakitu we heula biasa ari diinget-inget mah sok kalah poho) Barade 
yeuh....nyerat buku hal kitu. 
 
Khusus hal lisung, manawi aya bongbolongan kedah kamana nya ngajugjug, kai naon 
bae nu sok dianggo, saageung kumaha, naha aya ukuran pastina antawis panjang 
sareng lebar/ageungna, naon hartosna wangun gegelungan dina lisung, aya teu 
ragam hiasna dina lisung, jste.

MSasmita
Seueur hulang huleng mikiran bedog (ngimpina mah kieu : nyieun dua buku, nu 
hiji basa Indonesia, hiji deui dwi basa, Sunda jeung Inggris, moal kandel cukup 
150 kaca kaasup gambar, nu dwi basa meureun 250 kaca







 

Kirim email ke