Baraya khususon ka urang Sumedang, Ieu mah tumaros, manawi aya nu uninga. Dua poe katukang aya nu sok di kebon laporan, kudu mayar PBB jeung pancen. Biasana mah teu apal sabaraha-sabarahana, sok nitah kapiadi nganteurkeun ka Cadas Pangeran. Tah kamari ieu mah, karek apal rincianna. Ngan nu matak hemeng, geuning pancen nu ti desa teh leuwih luhur tinimbang PBB nu kudu dibayar, bedana nepi ka 20 rebu-an. Ieu beda jeung nu dibayar di imah, PBB leuwih luhur tinimbang pancen (enya oge di Bandung, tapi masih keneh mayar urdes - urunan desa).
Manawi aya nu uninga, diantos bongbolonganna. Hatur nuhun, -- Budhi Setiawan e-mail: [EMAIL PROTECTED] web: http://budhisetiawan.net/

