Moal make bubuka heula , langsung we to the point :
1. Kudu bisa macana bari bener jeung alus
2. Kudu apal
3. Kudu nyaho naon hartina eta nu dibaca
4. Kudu bisa neuleuman maksud nu di kandung dina ayat nu dibaca
5. Kudu bisa mraktekeunana
 
Tah eta 5 tingkat pamahaman Al Qur'an teh; lantaran Al Qur'an teh cecekelan 
Umat Islam; salian ti eta saenyana mah sacara hakekat maka sagala Elmu aya di 
na Al Qur'an; cek na basa Indonesia mah secara tersirat cenah.
 
Ti na Al Qur'an urang teh kudu nyekel Hiji Rukun Iman kadua Rukun Islam ; nu 
katilu Nya eta Hukum Islam; tah lamun boga nu tilu ieu mah , rada lumayan urang 
di mana hayang ibadah teh rada reugreug; mun can nyekel eta nu tilu urang kudu 
hariwang, da teu gampang ibadah teh.
 
Rata rata urang apal naon ari rukun Iman jeung rukun Islam ; tapi teu saeutik 
nu teu apal naon ari Hukum Islam teh; Hukum Islam sarua jeun Rukun Islam lobana 
aya 5. Ngan wae ari Rukun Islam mah non nu ku du atawa wajib dilakukan ku jalma 
nu ngaku Islam ; nya eta ibadah : maca syahadat, milampah shalat; ngahaja puasa 
di na bulan Ramadhan, Mayar Zakat jeung naek haji.
Sedengkeun hukum Islam, nya eta : Wajib; Sunat, Mubah, Makruh jeung Haram.
 
Di na hal ieu hukum Islam loba pisan elmu elmu Islam teh, nepi keun ka aya 
Fiqih, Usul Fiqh jrrd
 
Abbas Amin
 


      

Kirim email ke