di hiji kota, si kuring rek naek kareta komuter-cara krd jabotabek. aneh
lokasi panto kareta teh, beda jeung di urang,  di dieu mah pantona di
tengah gerbong. si kuring hanjat teus lahak lohok, da gening gerbong teh
semu di bagi dua. naon bedana? aya tulisanana, ngan teu ngarti, tah, aya
gambar, nu ieu mah kaharti.

nu hareup, gambar rokok coret, nu tukang, gbr roko teu dicoret. nya si
kuring ka tukang, sangkan meunang udud. dalah dosen si kuring harita oge
merenahkeun karep ka bagean tukang, ka smoking area, ududna make pipah
cangklong.

hiji poe, nganjang ka SD ka pasisian. SD di batur mah teu ukur wangunan
kelas 7 rohangan cara di urang (6 kelas, pikeun kelas 1,2,3,4,5,6 rohangan
hiji deui pikeun guru +kepsek). di SD batur mah lengkep pasilitasna teh.
geus beurang, tas barangdahar, sungut haseum, nanya ka guru SD eta, "mun
aya guru nu sok udud, kumaha?"
di jawab, "oh..di SD ieu disadiakeun rohangan pikeun udud, tuh di
ditu,"pokna bari nunjuk ke hiji rohangan. si kuring nu hayang udud, muru
ka eta tempat, kasampak asa dua tilu guru SD eta keur udud.


mj

http://geocities.com/mangjamal
http://mangjamal.multiply.com



Kirim email ke