Urang Sunda Geura Bisa Ngumpul

 

Sakur
     nu hayang elmu nu babari nepi ka nu teu kaharti,

kuring ikhlas
Lillahita’ala bakal ngabagi-bagi,

kuring ngan ukur
menta kuatkeun heula akidah diri,

supaya teu
ngadatangkeun dosa musyrik ku mengkolna ati. 

 

Kuring bakal
tandang,

kuring cicing
kajeun ditantang,

sabab kuring
ngan ukur makhluk nu milu kumalendang,

euweuh kawasa
jang ngajawab nu nantang. 

 

Mun Sunda bisa
ngahiji,

teu jiga ayeuna
loba pahiri-hiri,

istuning Sunda
bakal kakoncara jiga jaman Siliwangi,

moal dipoyok
dijejeleh dianggap bodor jiga jaman kiwari. 

 

Urang Sunda
geura bisa ngumpul,

geura ngariung
deukeut bukit tunggul,

dina mangsana ku
kuring ditelekkeun naon ari tutunggul,

ulah loba nanya
mun ayeuna kuring masih keneh tungkul. 




      

Kirim email ke