Teu sawios atuh, ari alim ditaros mah ; mung eta punten we atuh ulah seueur 
teuing SILOKA margi abdi sadayana ngaraos LIEUR ku cariosan SALIRA, NUN

--- On Mon, 9/8/08, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] (Serat:42)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Kuring Bakal Datang
To: "urangsunda" <[email protected]>, "baraya_sunda" <[EMAIL 
PROTECTED]>, "kisunda" <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Monday, September 8, 2008, 9:30 AM











Urang Sunda Geura Bisa Ngumpul
 

Sakur nu hayang elmu nu babari nepi ka nu teu kaharti,
kuring ikhlas Lillahita’ala bakal ngabagi-bagi,
kuring ngan ukur menta kuatkeun heula akidah diri,
supaya teu ngadatangkeun dosa musyrik ku mengkolna ati. 
 
Kuring bakal tandang,
kuring cicing kajeun ditantang,
sabab kuring ngan ukur makhluk nu milu kumalendang,
euweuh kawasa jang ngajawab nu nantang. 
 
Mun Sunda bisa ngahiji,
teu jiga ayeuna loba pahiri-hiri,
istuning Sunda bakal kakoncara jiga jaman Siliwangi,
moal dipoyok dijejeleh dianggap bodor jiga jaman kiwari. 
 
Urang Sunda geura bisa ngumpul,
geura ngariung deukeut bukit tunggul,
dina mangsana ku kuring ditelekkeun naon ari tutunggul,
ulah loba nanya mun ayeuna kuring masih keneh tungkul. 
 














      

Kirim email ke