Estuning Setan Nu Hayang Nyasarkeun Manusa
Sarupaning
lengkah nu ngaduakeun Allah,
eta tandana
bakal meunang murka ti Allah,
saha nu bisa
nulungan mun keuna hukuman Allah,
hiji-hijina
jalan ngan ukur tobat dipayuneun Allah.
Aya nu menta
berkah dihareupeun makam,
padahal alam
barjah lain aya di eta makam,
jeung moal aya
nu bisa balik mun geus nepi ka eta alam,
boa keur
nyanghareupan hisab nu dikubur di eta makam.
Nu soleh
disarekeun nepi ka poe kiamat,
nu laina dihisab
di alam kubur nepi ka kiamat,
boro-boro bisa
turun ka dunya mere karamat.
Saha nu sok
bijil mangrupa nu geus tilar,
bari
ngolo manusa supaya percaya bisa ngadatangkeun nu geus tilar,
estuning setan
nu hayang nyasarkeun manusa yen bisa menta kanu geus tilar,
supaya loba
manusa milu kasasar.
Tah eta conto nu
musyrik,
padahal jelas
hukumna nu musyrik,
meunang azab di
dunya jeung ke mangsana balik,
mun hayang
salamet geura jauhan kalakuan musyrik.