Leres pisan cariosan nu ieu mah , ki nonggerak. Tah panuju kuring oge ka na cariosan kitu mah.
--- On Mon, 9/8/08, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [Urang Sunda] (Serat:43)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Estuning Setan Nu Hayang Nyasarkeun Manusa To: "urangsunda" <[email protected]>, "baraya_sunda" <[EMAIL PROTECTED]>, "kisunda" <[EMAIL PROTECTED]> Date: Monday, September 8, 2008, 9:33 AM Estuning Setan Nu Hayang Nyasarkeun Manusa Sarupaning lengkah nu ngaduakeun Allah, eta tandana bakal meunang murka ti Allah, saha nu bisa nulungan mun keuna hukuman Allah, hiji-hijina jalan ngan ukur tobat dipayuneun Allah. Aya nu menta berkah dihareupeun makam, padahal alam barjah lain aya di eta makam, jeung moal aya nu bisa balik mun geus nepi ka eta alam, boa keur nyanghareupan hisab nu dikubur di eta makam. Nu soleh disarekeun nepi ka poe kiamat, nu laina dihisab di alam kubur nepi ka kiamat, boro-boro bisa turun ka dunya mere karamat. Saha nu sok bijil mangrupa nu geus tilar, bari ngolo manusa supaya percaya bisa ngadatangkeun nu geus tilar, estuning setan nu hayang nyasarkeun manusa yen bisa menta kanu geus tilar, supaya loba manusa milu kasasar. Tah eta conto nu musyrik, padahal jelas hukumna nu musyrik, meunang azab di dunya jeung ke mangsana balik, mun hayang salamet geura jauhan kalakuan musyrik.

