NGALANGGAR Parentah Allah oge mungkin wae DOSA panggedena

--- On Mon, 9/8/08, Sumarna, Nana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Sumarna, Nana <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] Dosa Gede (Syirik)- Imam Adz Dzahabi
To: [email protected]
Date: Monday, September 8, 2008, 4:08 AM








Saestuna dosa nu paling gede di sisi Alloh nyaeta dosa Syirik
 
وَإِذْ قَالَ لُقْمَانُ لابْنِهِ وَهُوَ يَعِظُهُ يَا بُنَيَّ لا
تُشْرِكْ بِاللَّهِ إِنَّ الشِّرْكَ لَظُلْمٌ عَظِيمٌ
 
"Anaking aranjeun ulah nyakutukeun Allah, saestuna syirik mangrupakeun 
kazoliman anu panggedena." (Luqman:13)
 
"Dosa naon anu paling gede? Anjeuna ngadawuh: Maneh ngajadikeun tandingan 
pikeun Allah, padahal Anjeuna nu nyiptakeun maneh. (HR.Bukhari- Muslim)
 
Syirik akbar nyaeta ibadah ka salian ti Allah, saperti ngadoa ka salian Alloh, 
ngenta barokah ka jalma hirup atawa jalma nu geus maot, saperti dawuhan Alloh :
وَاعْبُدُوا اللَّهَ وَلا تُشْرِكُوا بِهِ شَيْئًا
Sembahlah Allah jeung ulah nyakutukeun Anjeuna jeung nanaon oge. (An Nisa-36)
 
“Kaasup dosa gede nu paling gede nyaeta syirik ka Alloh” (HR Bukhari)
 
Di jaman ieu saestuna lolobana jalma dina kaayaan syirik,
وَمَا يُؤْمِنُ أَكْثَرُهُمْ بِاللَّهِ إِلا وَهُمْ مُشْرِكُونَ
"Jeung sabagean loba maranehna dina kaayaan teu iman ka Alloh, jeung 
nyakutukeun Allah ( jeung sesembahan-sesembah an lain)". (Yusuf-106)
 
Sabda Rosululloh,
“moal kajadian poe kiamat nepikeun ka sabagean loba umat kaula condong ka 
urang-urang musyrik jeung ngilu ibadah ka tapekong (HR tirmidzi)
 
ngadoa ka jalma anu geus maot atawa ka hal-hal ghaib kaasup kana syirik akbar,
وَلا تَدْعُ مِنْ دُونِ اللَّهِ مَا لا يَنْفَعُكَ وَلا
يَضُرُّكَ فَإِنْ فَعَلْتَ فَإِنَّكَ إِذًا مِنَ الظَّالِمِينَ
“Jeung maraneh tong ngadoa ka salian ti Alloh, naon-naon  anu teu mere manfaat 
jeung mudharat ka maraneh, sabab lamun maraneh ngalakukeun (anu kitu), tangtu 
saestuna maraneh kaasup jalma-jalma anu zholim” (Yunus 106)
 
Sabda Rosululloh,
“Sing saha anu paeh bari manehna ngadoa ka salian ti Alloh salaku tandingan, 
pasti asup naraka” (HR Bukhari)
 
Urang sarerea ulah percaya ka tukang ramal jeung dukun ngeunaan ilmu gaib
“Singsaha anu datang ka tukang ramal jeung dukun, terus manehna yakin kanu naon 
di ucapkeunana, manehna geus kufur kanu naon nu diturunkeun ka Muhammad” (HR 
Ahmad)
عَالِمُ الْغَيْبِ فَلا يُظْهِرُ عَلَى غَيْبِهِ أَحَدًا
إِلا مَنِ ارْتَضَى مِنْ رَسُولٍ فَإِنَّهُ يَسْلُكُ مِنْ
بَيْنِ يَدَيْهِ وَمِنْ خَلْفِهِ رَصَدًا
"Anjeuna nu nyaho nu ghaib jeung teu saurang oge nu dibere nyaho soal kagoiban 
eta iwal ti jalma nu dipikaridho- Na ti para Rosul" (Jin 26-27)
 
Sabda Rosul,
“Euweuh nu nyaho perkara nu ghoib iwal ti Alloh (HR Thabrani)
 
Diharamkeun pikeun make, benang, kalung, jimat pikeun ngubaran payakit atawa 
tolak bala.
وَإِنْ يَمْسَسْكَ اللَّهُ بِضُرٍّ فَلا كَاشِفَ لَهُ إِلا
هُوَ وَإِنْ يَمْسَسْكَ بِخَيْرٍ فَهُوَ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ
قَدِيرٌ
"Mun Alloh nimpakeun ka maraneh musibah, tangtu moal aya nu bisa nolak iwal 
Anjeunan, Jeung mun Anjeuna ngadatangkeun kahadean ka maranah, tangtu Alloh 
Maha Kawasa tina sagala sesuatu". (Al Anam 17)
 
“Singsaha anu ngagantungkeun dirina kana jimat, tangtu geus musyrik” (HR Ahmad)
 
Amal-amal anu dibarengan syirik moal manfaat,
وَلَوْ أَشْرَكُوا لَحَبِطَ عَنْهُمْ مَا كَانُوا يَعْمَلُونَ
"Mun maranehna nyakutukeun Alloh, tangtu leungit naon-naon amalan nu geus 
maranehna lakukeun" (Al An’am 88)
 
Saestuna syirik bisa ngakibatkeun hiji nagri teu meunang barokah ti Alloh,
وَلَوْ أَنَّ أَهْلَ الْقُرَى آمَنُوا وَاتَّقَوْا لَفَتَحْنَا
عَلَيْهِمْ بَرَكَاتٍ مِنَ السَّمَاءِ وَالأرْضِ وَلَكِنْ
كَذَّبُوا فَأَخَذْنَاهُمْ بِمَا كَانُوا يَكْسِبُونَ
“Mun sakirana penduduk nagri-nagri ariman jeung tarakwa, tangtu Kami bakal mere 
barokah ka maranehna ti langit jeung ti bumi, tapi maranehna nolak ayat-ayat 
Kami, ku lantaran eta kami siksa maranehna lantaran paripolahna" (Al A’raaf 96) 
 
Jadi wajar mun nagara urang nepi ka ayeuna leuwih loba meunang mamala ti batan 
barokah kulantaran syirik geus mahabu dimana-mana dina rupa-rupa bentuk.. 
Salian ti eta ngan saeutik ti para ustadz anu ngadkwahkeun soal tauhid, padahal 
tauhid mangrupakeun prioritas anu paling utama dina agama, dimana naon-naon anu 
pangheulana di dakwahkeun ku para rosul nyaeta sual tauhid.
 
Rosululloh leuwih heula nanjeurkeun tauhid tibatan daulah (kekhalifahan) , 
leuwih heula nanjeurkeun tauhid tibatan urusan muamalah.
 
Rosululloh ngajarkeun tauhid di awal karasulanana nepikeun ka akhir 
karasulanana.
Di awal karasulanana, nalika Abu Sufyan datang ka Rumawi raja Heraklius nanya 
:”Naon anu didakwahkeun ku manehna?” Abu sufyan ngawajab :”Manehna nyarita : 
“Ucapkeun Laa ilaha ilallaah tangu aranjeun bakal salamet” (HR Bukhari)
 
Nalika Rosululloh gering nu ngabalukarkeun Anjeuna teu bisa hudang, Anjeuna 
ngadawuh :”Alloh mengutuk jalma Yahudi jeung Nasrani lantaran ngajadikeun kubu 
nabi-nabi maranehna masjid”. Aisyah nyarita :” mun teu lantaran ieu hal tangtu 
kuburan Anjeuna bakal di tempatkeun di Baqie, Tapi Rosululloh salempang bakal 
dijadikeun masjid. (HR Bukhari – Muslim)
 
Mudah-mudahan urang sadayana dijauhkeun tina syirik boh syirik akbar pon kitu 
deui syirik asghar
 
Wassalam,
nana 














      

Kirim email ke