Lamun enya kecap golok teh basa Sunda, meureun bakal aya pakaitna jeung kecap 
sejen nu boga engang lok atawa go. Ceuk sababaraha buku sabenerna keur bangsa 
primitif basa teh mimitina mah ngan saengang. Tah tina dasar eta ari go-lok teh 
anu leuwih tembres hartina aya dina go atawa dina lok, sanggeus ngaberendelkeun 
kecap engang go jeung lok sigana anu pang deukeutna mah nya engang lok.
golok, (ng)elok, colok, 
norolok,belok,ceplok,coplok,gaplok,loklok,alok,taplok,torolok, aclok,pelok, 
clok,cokclok, eclok,helok, ilok,jongklok,keclok,kelok,koplok, olok. Asana harti 
nu pas keur engang lok teh, aya nuansa ngelok, lup lep, meureun pedah aya wilah 
aya sarangka, asana sarua jeung ngelok, colok, coplok,loklok,clok cokclok, 
gaplok, taplok. jste.
Sedengkeun mun nyokot go, aya gobang, gobed, godebag (kosewad), gosali 
....jste. nu leuwih loba tina lok nu rada rada saharti, enya engang go ge loba 
tapi asa pajauh.
Tah ayeuna bedog, tangtuna dua engang be-dog. Ieu ge sigana ayana dina engang 
dog. bedog,dogdog,badog,baledog,dagdegdog,endog, godog, (nga)jedog, golodog 
(bandingkeun jeung guludug, galadag, geledeg) jste. Didieu mah hartina leuwih 
nyoko kana unsur sora (audio), jadi dina waktu bedog dipake kana gawe aya sora 
nu kadenge, dog...dog atawa dok..dok, upamana nuar kai atawa motong tangkay, 
dahan.
Lamun tea mah loba nu saharti dina basa Sunda tina engang lok, nya bener atuh 
golok teh basa Sunda, kitu deui bedog.

Aya nu bade nambihan...? diantos pisan.

MSasmita



 
 

Kirim email ke