kecap x-lok: lek-lok, he-lok, ci-lok, o-lok, a-lok, cek-lok, gej-lok,
kecap: go-x: go-sok, go-bang, go-cir, go-yobod, go-rehel, go-rolong, go-robag,

salam,
mh

On Tue, Sep 9, 2008 at 9:28 AM, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Lamun enya kecap golok teh basa Sunda, meureun bakal aya pakaitna jeung
> kecap sejen nu boga engang lok atawa go. Ceuk sababaraha buku sabenerna keur
> bangsa primitif basa teh mimitina mah ngan saengang. Tah tina dasar eta ari
> go-lok teh anu leuwih tembres hartina aya dina go atawa dina lok, sanggeus
> ngaberendelkeun kecap engang go jeung lok sigana anu pang deukeutna mah nya
> engang lok.
> golok, (ng)elok, colok,
> norolok,belok,ceplok,coplok,gaplok,loklok,alok,taplok,torolok, aclok,pelok,
> clok,cokclok, eclok,helok, ilok,jongklok,keclok,kelok,koplok, olok.
> Asana harti nu pas keur engang lok teh, aya nuansa ngelok, lup lep, meureun
> pedah aya wilah aya sarangka, asana sarua jeung ngelok, colok,
> coplok,loklok,clok cokclok, gaplok, taplok. jste.
> Sedengkeun mun nyokot go, aya gobang, gobed, godebag (kosewad), gosali
> ....jste. nu leuwih loba tina lok nu rada rada saharti, enya engang go ge
> loba tapi asa pajauh.
> Tah ayeuna bedog, tangtuna dua engang be-dog. Ieu ge sigana ayana dina
> engang dog. bedog,dogdog,badog,baledog,dagdegdog,endog, godog, (nga)jedog,
> golodog (bandingkeun jeung guludug, galadag, geledeg) jste. Didieu mah
> hartina leuwih nyoko kana unsur sora (audio), jadi dina waktu bedog
> dipake kana gawe aya sora nu kadenge, dog...dog atawa dok..dok, upamana nuar
> kai atawa motong tangkay, dahan.
> Lamun tea mah loba nu saharti dina basa Sunda tina engang lok, nya bener
> atuh golok teh basa Sunda, kitu deui bedog.
>
> Aya nu bade nambihan...? diantos pisan.
>
> MSasmita
>
>
>
>
>
> 

Kirim email ke