padahal sae pisan waktosna mun aya HBH teh, mangsana libur panjang lebaran, jalma-jalma keur araya dilemburna sewang-sewangan, kuring ge sok hayang sosonoan, komo saatos silaturahmi di malangbong beres (Lewo), kamana nya silaturahmi deui, kitu.
_____ From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of mj Sent: Wednesday, September 10, 2008 10:53 AM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Nanya deui HBH? tos dugi ka mana cenah panitjia teh? tos nyerah bae kitu? nya teu nanaon da ieu mah gawe sukacape jeung sukarela & sukaseuri. heuheu. mun acara HBH nu biasa taun ieu teu jadi, nya teu nanaon. tapi ari harayang panggih silaturahmi nya bisa silaturahmi sewang-sewangan atawa ku cara ngumpul. tempatna bisa di Bandung nu gampang. maksudna Bandung teh apan puseur dayeuh tatar sunda. nya bisa ngumpul di taman budaya jawa barat, rumah teh (tea house) cara basa pendak jeung US di New Caledonia tea, geus poho deui wastana, hampura kang. di taman budaya aya rumah makan sunda, jadi bisa sakalian. atawa di Museum Sribaduga. aya rohangan gigireunana-nya kudu menta izin samamehna. perkawis bade ngendong nya mangga, hotel berbintang sareng bertumbila sigana aya. haha. mun ngumpul di rumah baca buku Sunda, bumi si Ua Sas, ari lobaan teuing mah, bisi si Ua kaririweuh bin kabaribinan. tapi bisa oge di didinya. nya ari lobaan mah, kudu masang tenda, perboden jalan. ngan wayahna panitia kudu ka si ua ti ayeuna keur ngatur itu ieu na. poe katilu tas lebaran insya Alloh si kuring rek nganteur ki adi bungsu, si andiw chinook tukang kaos nepungan baturna, pikeun nanyaan. heuheu. samingguan ti lebaran, mun Samin urang Cikadu Baduy luar aya ka Bandung rek milu ka lemburna, Baduy, rek ngendong dua tilu poe mah. -- geocities.com/mangjamal mangjamal.multiply.com ***************************************** Flexi-Gratis bicara sepanjang waktu se-Jawa Barat, Banten dan DKI Jakarta. Speedy-Gratis Internetan unlimited dari Pkl. 20.00 s/d 8.00 se- Jabodetabek, Banten, Karawang dan Purwakarta ***************************************** ***************************************** Flexi-Gratis bicara sepanjang waktu se-Jawa Barat, Banten dan DKI Jakarta. Speedy-Gratis Internetan unlimited dari Pkl. 20.00 s/d 8.00 se- Jabodetabek, Banten, Karawang dan Purwakarta *****************************************

