Badrudin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                             Wilujeng siang 
baraya, 
 
 Warta nu pangenggalna tina rencana HBH KUSnet 2008 nyaeta :
 
 InsyaAlloh HBH bakal diayakeun di Jatiluhur, ngeunaan acara memang 
 HBH nu bakal datang ieu formatna rada benten sareng HBH nu atos-atos.
 HBH nu bakal datang ieu (urang sebut silaturahmi we nya, ari HBH mah 
 bisi aya nu nyebut sandekala) heuheu…
 
 Acara silaturahmi ieu rencana na bade diayakeun ping 4-5 oktober 
 2008 dinten saptu malem minggu nu acara intina nyaeta ngendong malem 
 mingguan, kongres bari menikmati domba guling (kambing guling) + 
 dipirig ku kacapi suling, aya oge acara beubeuleuman bari ngopi 
 atanapi ngeteh ssjb, jadi acarana santey pisan, cocoklah kanggo 
 baraya nu sadidinten sibuk mikir bari meres otak tepi ka garing.
 
 Kanggo acara ieu panitia tos nyiapkeun dua wisma kanggo ngendong, 
 makan malam (kambing guling/sate + beubeuleuman), sareng sarapan 
 kanggo dinten minggu enjing.
 Ku ayana rencana silaturahmi ieu si kuring sareng rengrengan panitia 
 ngaharepkeun pisan partisipasi ti sakumna baraya, saha-saha nu bade 
 sumping ka acara ieu mangga geura daftar supados panitia gampil 
 nyiapkeun sareng utang-itung sagala nu diperlukeun. 
 Atuh bilih aya nu bade nyumbang mangga ulah isin-isin.
 
 Kanggo nu bade daftar tiasa nga-reply email ieu (tambihan daftar 
 dihandap) atanapi tiasa oge ngajapri ka email si kuring 
 ([EMAIL PROTECTED]) ka kang Dikdik ([EMAIL PROTECTED]) ka the Imas 
 ([EMAIL PROTECTED]) atanapi tiasa oge telp atanapi sms ka nomer 
 si kuring 021-32923678, 0813 8096 5991 ulah hilap sebatkeun baraha 
 urang nu bade sumping.
 
 Rupina sakitu heula warta ti si kuring, InsyaAlloh setiap aya 
 perkembangan ngeunaan acara Silaturahmi ieu engkin di alungkeun ka 
 milis, hapunten pami aya seratan nu kirang merenah.
 
 Dugi ka danget ieu nu tos daftar nyaeta :
 
 1. Apih Siddik Sakulawargi
 2. kang Dikdik
 3. the Imas
 4. si kuring (badrudin)
 5. kang Toni Sofian
 6. kang Panzi + si cincya nyah
 7. neng Gia (Mattel)
 8. neng Mia
 9. neng Evi + si yayang nyah
 10. Wa Tito (sakantenan pulang kampung)
 11. kang Ndoell
 12. kang Ikmal
 13. kang Kamal
 14. kang Kumi sakulawargi
 15. kang Iim
 16. the Tien (ipeuting)
 17. neng Iva (mojank_akank)
 18. kang Bohay
 19. neng Litha
 20. ……………Lygia Nostalina ( barudak + caroge )
 21. ……………..?
 22. ……………..?
 23. ……………..?
 24. ……………..?
 25. mangga ah geura tambihan
 
 Jatiluhur.. jatiluhur.. jatiluhur….
 Hayu ah urang ramekeun acara silaturahmi ieu…
 
 Bdn.
 -kanggo kang Dikdik + teh Imas mangga ah tambihan




 

Assalamualaikum Wr Wb....


Kang...abdi tos nambihan tah daftarna...kenging ngiringan pan ? 
heuheuheuheu.....
 
     
                                       



Best regards,
Lygia Nostalina
Employee

Pacific Data Network / IT Company
tel.: 085729421809
fax:
[EMAIL PROTECTED]
http://www.pecintahujan.multiply.com



       
---------------------------------
  Dapatkan info tentang selebritis  - Yahoo! Indonesia Search.

Kirim email ke