Enya kungsi aya rumus Islam teh Sunda, Sunda teh Islam. Sae jeung hade. Islam jeung Sunda, cenah siga gula jeun peueutna.
Komo bari diamalkeun. Tapi masalahna, Islam teh lain ngan ukur diageum ku US (mayoritas) tapi oge ku urang jawa, Lombok, Aceh, urang Minang, sawareh batak, urang makassar, ternate tidore, pakistan, afgan, arab, nepi ka maroko. Tah kumaha eta caritana? Mun Sunda teh Islam, Islam teh Sunda, sarua jeung Libya, Maroko ge Sunda. Heuheu. Padahal di diditu mah euweuh peuteuy jeung jengkol pastina ge. eung. Mun aya klaim model itu, meureun urang minang teh nyarita oge da embung eleh, Islam Jeung Minang, ibarat rendang jeung dagingna. Sunda sebagai etnik, sosial budaya, jsb. bahwa aya adat sunda nu sarua atawa luyu jeung ajaran Islam, pasti aya jeung loba. Sabab kahadean mah dipiboga ku unggal seler oge unggal agama, utamana dina masalah kalakuan, etika, moral, ahlak. Kabeh ngajarkeun kahadean. Heuheu...neda pangampura si kuring mah keur masantrena oge ngan purah meakeun liwet... Abu Gosox

