pandangan mj kalebet anu "rasionil" meureun ngalempengkeun kondisi; da kapan 
kadang kadang mah urang Islam teh sok ekstreem pamadeganana; asa bener sorangan 
tea

--- On Mon, 9/15/08, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: mj <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] re: islam-sunda sunda-islam
To: [email protected]
Date: Monday, September 15, 2008, 6:41 AM








Enya kungsi aya rumus Islam teh Sunda, Sunda teh Islam. Sae jeung hade.
Islam jeung Sunda, cenah siga gula jeun peueutna.
Komo bari diamalkeun. 
 
Tapi masalahna, Islam teh lain ngan ukur diageum ku US (mayoritas) tapi oge ku 
urang jawa, Lombok, Aceh, urang Minang, sawareh batak,  urang makassar, ternate 
tidore, pakistan, afgan, arab, nepi ka maroko. Tah kumaha eta caritana?  Mun 
Sunda teh Islam, Islam teh Sunda, sarua jeung Libya, Maroko ge Sunda. Heuheu. 
Padahal di diditu mah euweuh peuteuy jeung jengkol pastina ge. eung.
 
Mun aya klaim model itu, meureun urang minang teh nyarita oge da embung eleh, 
Islam Jeung Minang, ibarat rendang jeung dagingna. 
 
Sunda sebagai etnik, sosial budaya, jsb. bahwa aya adat sunda nu sarua atawa 
luyu jeung ajaran Islam, pasti aya jeung loba. Sabab kahadean mah dipiboga ku 
unggal seler oge unggal agama, utamana dina masalah kalakuan, etika, moral, 
ahlak. Kabeh ngajarkeun kahadean.
 
Heuheu...neda pangampura si kuring mah keur masantrena oge ngan purah meakeun 
liwet...
 
Abu Gosox
  














      

Kirim email ke