Punten ka US terutami nu biasa jeung aya dilingkungan peternakan. Ka amanatan ku lanceuk ti lembur, di Bantarujeg (Majalengka) kuring nyungkeun pituduh /bongbolongan. Ki lanceuk geus pondok lengkah hayang usaha naon wae ngan gatot wae, alias gagal total, ayeuna anjeuna aya paniatan bade usaha dina jual beuli sapi bibit, terutami bibit sapi unggul sapertos : brahmana, metal, dolos, kroya, jeung rea-rea deui. Nanging ayeuna hoyong meser heula ti tempatna nu murah, salajengna di ical di lembur ki lanceuk. Bilih aya US nu ahli jeung terang tempatna nu caket, punten di japri. Tangtosna moal diburuhan ayeuna. Engke wae di akherat. Wassalam Dadi tea

