ooo, abdi nembe emut, pasar hewan kadipaten caket pabrik gula tea sanes? tah upami daerah garut aya teu Kang? Margi kedah ka daerah Jawa mah asa tebih teuing, kirang apal.
--- On Thu, 9/18/08, dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [Urang Sunda] SAPI BIBIT..???? To: [email protected] Date: Thursday, September 18, 2008, 1:46 AM Upami hoyong rada mirah kedah meser ti Jawa sapertos Boyolali (sapi metal), Bawen, Banymas, Banjarnegara, Kroya, Cilacap, Kebumen, di Jawa mah aya dinten pasaran-na dimasing-masing tempat benten dinten. Contona: di Banyumas dipasar hewan Sokaraja (palih kiduleun pasar sokaraja) dinten Saptu, timimiti pedet dugia ka sapi dewasa aya. Upami di Bawen, pasar hewanna di palih kuloneun cagak (pertigaan bawen) didieu ge upami teu lepat mah dinten sapatu/minggu. Ari anu caket mah di Kadipaten oge aya, saurna mah kenging meser ti Jawa oge, mung persisna palih mana kedah naros heula ka si Abah di lembur anu meser ka dinya kanggo usaha 'penggemukan' teras diical deui upami bade usum kurban. wassalam, dudi_ss ----- Original Message ----- From: Dadi Kurniadi To: urang sunda milist Sent: Thursday, September 18, 2008 9:03 AM Subject: [Urang Sunda] SAPI BIBIT..???? Punten ka US terutami nu biasa jeung aya dilingkungan peternakan. Ka amanatan ku lanceuk ti lembur, di Bantarujeg (Majalengka) kuring nyungkeun pituduh /bongbolongan. Ki lanceuk geus pondok lengkah hayang usaha naon wae ngan gatot wae, alias gagal total, ayeuna anjeuna aya paniatan bade usaha dina jual beuli sapi bibit, terutami bibit sapi unggul sapertos : brahmana, metal, dolos, kroya, jeung rea-rea deui. Nanging ayeuna hoyong meser heula ti tempatna nu murah, salajengna di ical di lembur ki lanceuk. Bilih aya US nu ahli jeung terang tempatna nu caket, punten di japri. Tangtosna moal diburuhan ayeuna. Engke wae di akherat. Wassalam Dadi tea

