Ki Santang? Lara Santang? Rakean Santang?

 

Baduga
     mere ngaran anakna Lara Santang jeung Rakean Santang kunaon Sababna? 

Sabab Baduga
boga sobat dalit jeung guru nu ngarana Ki Santang,

bakating ku nyaah jeung hormat
Baduga mere ngaran anakna ditungtungan ku Santang,

jadi hampura Ki
Santang teh lain Rakean Santang. 

 

Naha
bener aya raja sunda nu kungsi dibere iteuk Sayidina Ali? 

Hampura mun
kuring nyebut yen eta lain carita asli,

atawa tunjukeun
ka balarea mun enya ngarah jadi bukti,

anu aya oge
iteuk Kalijaga pamere Gunung Jati. 

 

Naha
enya Rakean Santang ngudag-ngudag bapana sina asup Islam? 

Nepikeun ka
Baduga lumpat ti Pajajaran,

Kanjeng Rosul ge
teu maksa nepi ka ngudag-ngudag emangna ngarah asup Islam,

atuh kitu mah nu
ngudag-ngudag teh lain mawa ajaran Islam. 

 

Hampura kuring
jalma biasa,

kuring teu
katitisan Ki Santang kana raga,

Ki Santang ukur
guru kuring nu beda bangsa,

hampura kuring
teu nganggap Ki Santang makhluk mulya. 

 

Kuring ngan ukur
nepikeun nu dicaritakeun,

kuring ngan ukur
milu muka nu dihandeuleumkeun,

kajeun loba nu
nyawad kuring teu euleum-euleum,

kuring
narimakeun bari peurih batan ieu
pareum. 

 




      

Kirim email ke