Kawajiban Kuring Nepikeun Beja
Kuring
geus lila meunang beja,
urang sunda
bakal meunang bagja,
kawajiban kuring
nepikeun beja,
jeung ngaguar nu
jadi beja.
Benteng agreng
katempo geus lila,
ngajengjreng nu
ngajaga geus lila,
kuring tinggal
nungguan sawala,
supaya muka
halimun teu mawa mamala.
Mun ukur
kajurung ku nafsu,
kuring pantes
hayang buru-buru,
ngarah aranjeun
teu muru kusunu,
nelekeun carita
nu ceuk sakabeh can tangtu.
Kuring
nonggerak,
hirup nyumput
dinu negrak,
ngalengkah apik
ngarah teu paburantak,
bari
wajib mukakeun ngarah nembrak.
Kuring ngan
perlu aranjeun sawareh,
nu geus katempo
darehdeh,
ngabantuan kurah
koreh,
neangan
cangkilung handapeun rungkun sereh.
Aya lima
nu karasa daria,
bakal mantuan
maung tilu rupa,
bakal ancrub
neuleuman sagara,
bakal nyukcruk
galur Baduga.
Aya tilu nu kudu
ditedunan ku aranjeun nu lima,
ulah adigung
adiguna,
ulah ngabohong
ka sasama,
ulah ninggalkeun
kawajiban Nu Maha Kawasa.
Dina mangsana
tumiba,
anjeun nu lima
bakal diajak ku kaula,
ngabukbak alas
bandawasa,
lain ku pakarang
tapi ku elmu kabisa.
Haturan Ambu nu
daria,
haturan Ika nu
daria,
haturan Tirta nu
daria,
haturan Ema nu
daria,
haturan
Pakusarakan nu daria.
Sugan nambah
tinu lima,
hanjakal masih
keneh malih rupa,
ku sabab
nganggap teu sapira,
mengparkeun
harewos nu sabenerna geus aya.
Wassalaam,nonggerak.