Nulis carpon mah kaitung rada babari ku Basa Sunda teh; tapi lamun nulis Ilmiah
, komo mun nulis masalah Qur'an jeung Agama; eta teh rada bangga; naon sababna?
Basa Sunda nu sok dipake sapopoe teh, geus langka pisan ; diayana oge loba nu
saralah tempat jeung ste. Atuh basa Sunda teh kacida kakuranganana di na
kamekaran jeung kakayaan bahasana. Contona laun urang rek nyebutkeun penjabaran
di na bahasa Indon, kapan rada hese tah; nya kapaksa meureun urang nyomot
saeutik tina basa Indon , jadi ngajabarkeun. Be lah da bongan Bahasa Sunda mah
ampir teu aya dayana , mun embung disebutkeun ampir sahoshoseun oge; lantaran
kurang dipalire ku urang sorangan .Kurang dipalire , jeung jigana kurang
dihargaan ku bangsa urang pituin.
Nu matak lamun ngobrol ngeunaan Ilmiah asa ngeunah keneh make basa Indon ti
batan ku basa Sunda.
Tah kumaha baraya , jeung dulur dulur urang Sunda ? Saha nya nu bakal mekarkeun
basa Sunda ka hareup ? Naha bakal diaranep wae kituh kasilih ku waktu ? Duka
teh teuing .