Aya hiji ayat nu unina kieu :
Walakod aatainaa luqmaanul hikmata anisykurlillah, faman yasykur
fainnamaa yasykuru linafsih. Wan man Kafara fainnaLLaaha goniyyun
hamiid
Hartosna sacara leterlijk mah : Tuh tempo ku arandika Lukman anu
sok Syukuran ka Gusti Allah ; ari jalma syukuran teh sarua jeung narima
dirina. Ari nu ingkar tina nikmat Allah, teu naon2 da Allah mah Maha
Beunghar .
Kumaha cenah ngajabarkeunana ?
Manusa nu dipikaresep ke Gusti Allah salah sahijina syukuran , narimakeun; naon
cenah narimakeun teh ? Nya eta naon wae kayaan na diri urang kudu ditarima,
urang kudu ngarasa reueus ku kayaan urang ayeuna, kumaha we alesanana; cek
paribasana deog pengkor oge eta papasten ti Anjeunna.
Narimakeun samudaya nu karandapan ayeuna bari teu kukulutus ; nya eta kudu
ihlas hate tea ; tah eta syukuran teh; bari dibarengan ku tawekal.